Haarr... naha make jeung pundung, kawas politikus.. eh.. kawas budak...

Hade pisan khotbah tadi teh, da buktina tepi ka loba nu nundutan..  heuheu..
tadi teh ngaguar surat ...eu..  (hilap deui, tunduh meureun),
anu kirang langkung sapertos kieu..
"Demi matahari dan sinarnya.. dst... demi jiwa-jiwa manusia.. dst.."
intina teh yen Alam jeung (akhlak) manusa teh saimbang, tidituna mah aralus
duanana oge, geus disumpah ku Pangeran.
Lamun manusa geus ngalanggar sumpahna sorangan ka Pangeran, tangtu alam oge
moal cicing,
jegur di ditu, jegur di dieu, der tsunami, der lini, der lumpur panas,
kahuruan, jrrd.
Enya lamun numutkeun elmu kadunyaan mah eta teh gejala alam, tapi saha nu
nyiptakeun alam?
Teras, ditungtungan ku (kirang langkung) "barangsiapa yg menyerahkan
persoalan bukan pada ahlinya, maka tunggulah kehancurannya".
(ari detailna mah rada hawar2, rada tunduh oge geuning..)

Tapi da rata2 rek pejabat rek rahayat ge jarang ari ngupingkeun (komo
nerapkeun mah) khotbah jumah teh,
paling2 ge asa dipepende we.. nu penting gugur pardu.
Lain nuduh, lain nyakompetdaunkeun, tapi da emang kitu ayana.
Nu sok dikupingkeun mah ajengan nu tos gaduh nami, seueur bodorna, seueur
fans-na, "ngikutin trend" meureun.
(tapi lamun der nyandung mah sok ditinggalkeun ku jamaahna.. heuheuy deuh..)

Tos heula ah, bade kulem heula, geuning rada tunduh yeuh, sesa jumaahan..
heuheuheu..
(bagja boga pamajikan urang padang teh, pinter masak, nepi ka kamerkaan
kieu..)

Mangga ah.. gejlig.
Iwan
(nyaandakuringmahteupundungan)


On Friday, January 19, 2007 12:57 PM, Putera Kinasih wrote:

(balik jumaahan, gek diuk hareupeun Monitor, koceak ngawadul deui).
Cik kenging naon jumaahan teh juragan?, ieu mah ngubaran nu ngagejlig bisi
pundung teu daek deui curat-coret)...

Ajengan nu bieu mah, ngupas masalah sholat kieu :
Geus meujeuhna, beuki kolot umur beuki ningkatkeun kualitas sholat da ari
quantitas mah moal bisa ditambahan.(nu wajib).
Ulah disaruakeun sholat keur budak jeung geus kolot, cenah.....
Geura baruka harti jeung eusi babacaan sholat ti mimiti takbir tepi ka
salam, ulah kajadian nu dibaca teu nyaho hartina sok komo ari nerapkeun dina
kahirupan sapopoe.
Ari salam unggal poe, ari jelema nu menta tulung teu disalametkeun boh
tatangga boh batur sapagawean......kitu cenah ( gek diuk dina korsi mimbar,
pucunghul nangtung deui, koceak ngomong deui) .

Kalolobaan jelema, tojaiyah antara ngalaksanakeun sholat jeung kalakuan
sapopoe, kacontoan nalika maca doa iftitah : ngaku sholatna, ibadahna,
hirupna, paehna iklas karena alloh...padahal bathina teuing keur
saha...(korejat hudang da nundutan.., seredet hate rada kasindiran).

 Taudz, ngandung harti kasucian diri teu kagoda ku syaitan nalika urang aya
dina rahim indung, lungsur kadunya ku asmana gusti mimiti nyebat jenengan
alloh nu maha rahman jeung rahim. (dehem si ajengan batuk, seak ngomong
deui)....
panjang teuing bales deui ..cik kenging naon.. di masjid akang?
(gejlig, nyokot gelas tuluy ngopi, ngdagoan nu males)

Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Heuheu..
punten atuh ah baraya... khilaf..

wilujeng 1 muharram.. taqobalalloh..

wilujeng ah.. gejlig.
(guragirukacairekjumaahan..)

On Friday, January 19, 2007 11:04 AM, AA misan wrote:

Kang Iwan,

Teu pisan-pisan kuring mah curak-carek atawa nga ulah-ulah.
Ieu mah kadar saran. Mun bisa mah rohangan Kusnet ieu
ukur keur ngabahas atawa madungdengkeun sual bahasa,
nu utamana mah basa Sunda. Kitu deui sual sosial budaya
atawa naon bae nu mo nimbulkeun pasea atawa pa rea-rea
omong. Jadi masalah politik (komo agama mah) rupina kirang
cocog.Tapi ketah gumantung kana naon nu dipadungdengkeunana.
Hapunten nyanyahoanan. Ieu mah kadar pamadegan pribadi .

Baktos
Misan .

Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Rada salse yeuh, ngaos opini di kompas;
http://www.kompas.co.id/kompas-cetak/0701/16/opini/3247836.htm
(eusina moal di-paste da teu make basa sunda)

rarasaan teh asa balik deui ka Orba, pamarentah teh kalah hayoh wae sibuk
ngawaleran kritik..
moal kitu = Soe... Baru Yeuh.. ??
asa beuki teu puguh boga nagara teh ah.. kira-kirana bakal bener deui moal
nagara teh nya?
asa (beuki) era ku tatangga.
nyieun nagara sorangan wae kitu?

der atuh ah.
(tuluynyumputdasieundituduhmakar)

Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business.






Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik terhadap
spam.
http://id.mail.yahoo.com/ 

Kirim email ke