Manawi aya manfaatna, seja ngiring nyurahan. Lepat mah mugi dihapunten wae
bubuhan sanes ti ahlina:
1. Asih sumanding ni heman
Asih = cinta, kanyaah
Sumanding --> tina kecap "sanding" ditambahan panyarungsum kecap "sum" anu
hartina: leuwih ti sakali, mindeng pisan, atawa kecap panganteb kana
kecap anu disarungsumna. Sumanding ---> bener-bener disandingan, salilana
nyanding
conto sejen panyarungsum "sum" : meleber--->sumeleber
nyebar ----> sumebar
miwah ---> mawon --->
sumawon
mangga ---> sumangga
1) "ni heman" = heman anu tinangtu.
Kecap "ni" bisa disaruakeun jeung kecap "ki" dina "ki silah" atawa "ki
Sunda", anu hartina, dina basa Inggris mah definite article tea, kecap anu
nuduhkeun geus tinangtuna anu dimaksud ku kecah hareupeunana. Upama "ki"
keur kecap barang jenis lalaki, "ni" mah keur jenis awewe. Sigana wae,
"heman" dianggap kecap jenis awewena. Papadanan anu sejen anu migunakeun
kecap "ni" nyaeta: Ni Dawit, anu nulis naskah Sunda Sanghiyang Siksa Kandang
Karesian.
2) "ni heman" = mani heman = kuat ka heman = teuing ku
Kecap "ni" di dieu bisa oge singgetan tina kecap "mani" anu hartina =
"teuing ku.." atawa "kuat ka..."
2. Paamprok silih pencrok
Asana aya anu lepat. Sanes "pencrok" tapi "pencrong" anu hartina sami sareng
"pelong" atawa "teuteup". Jadi, kalimhna kieu: "Paamprol silih pencrong"
atawa "paamprok silih teuteup".
3. Marahmay
"Marahmay" nuduhkeun roman raray anu bengras teu aya geuneuk maleukmeuk.
Basa Indonesia mah wajah yang cerah tea. Nuduhkeun budi anu nampi tur
gumbira ka anu ditepangan/nepangan/paamprok. Sabalikna tina "marahmay"
nyaeta "geuneuk maleukmeuk", nuduhkeun hate anu kusut jamedud teu nampi ka
anu ditepangan/nepangan/paamprok
4. Tumerap
Asal kecap tina "terap" + panyarungsum "um". Hartina: keur nganteban kecap
anu disarungsum.
Tumerap ; nerapna pisan, nyangking pagawean "nerap"
conoh sejen anu make panyarungsum "um":
sedeng --->sumedeng
gading ----> gumading
kalayang ---> kumalayang
sampay ---> sumampay
seren ----> sumeren.
Cag heula.
baktos,
manAR
On 1/23/07, abah kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kabiruyungan nya? leres eta...
aya deui yeuh
1. "asih sumanding ni heman" (kadangu na kitu..)
2. "paamprok silih pencrok" (tangtos sanes silih pacok, pan?
3. 'marahmay" (sanes ngacay ieu mah)
4. "tumerapna"...
sing saha anu tiasa ngabantuan abdi...yeuhh...
hatur nuhun
wassalam
abah
(anu kasep ceuk si ambu mah)
*abah kasep <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
tina lagu.............
Aduh engkaaangggggggg abdi kabiruruyan.. (leres teu? kaangauna kitu da...)
sanes kabuhulan pan?
eta hartosna naon..aya anu terang?
kadua,
gandrung (gandung?) liwung.... hartosna naon tah....
punten.....
wassalam
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
------------------------------
Need a quick answer? Get one in minutes from people who know. Ask your
question on Yahoo!
Answers<http://answers.yahoo.com/;_ylc=X3oDMTFvbGNhMGE3BF9TAzM5NjU0NTEwOARfcwMzOTY1NDUxMDMEc2VjA21haWxfdGFnbGluZQRzbGsDbWFpbF90YWcx>.