Alhamdulillah teu kantos mendakan pajabat Imigrasi anu sapertos kitu mah..
biasa saparantos ngantri, song paspor dipasihkeun
Patugas : Dari mana pak..??
Sim abdi : dari Seoul pak..
Patugas : Kerja dimana ..??
Sim abdi : di KBRI...
teu papanjangan ceplok weh paspor di cap...
Namung kantos ngagawekeun patugas imigrasi, harita kabagean giliran
jajap/ngawal
jalmi eusleum/lang-lang-ling-ling, kumargi stres abot.
Tilu sasih sateu acananna eta jalmi kantos dikawal kurerencangan bade
diwangsulkeun
ka Indonesia, saparantos dirawat di rumah sakit jiwa, numutkeun pangawasan
dokter,
tiasa diwangsulkeun. Harita mah barang dugi ka airport Incheon (Korea) naaaa
atuh
ari gerebeg teh ngamuk, sapatu, lancingan weuteuh/nembe pisan
dipangmeserkeun, porosot teh dilaanan, belewer-belewer dibalangkeun, kerewek ku
patugas RSJ direjeng,
jos disuntik, regeyeng digotong dikana mobilkeun, biur dicandak deui ka RSJ.
Saparantos tilu sasih dirawat di RSJ, giliran sim abdi ngawal, harita oge tos
disuntik "obat penenang" sareng dibahanan tablet penenang kanggo 2 kalieun
neda, pondokna carios
dugi ka bandara Cengkareng, ninggal antrian sakitu panjangnna, sim abdi
nyaketan patugas
imigrasi anu nuju kukulintingan, ngamandoran, sanggem abdi teh bari
ngaharewos : Pak saya dari KBRI Seoul, sedang ngawal orang sakit jiwa, bari
ditunjuk jalmina, pengaruh obat penenangnga tingal 15 menit lagi, saya takut
kambuh lagi, karena tiga bulan yang lalu pernah ngamuk di bandara Incheon"
Akhir ku eta patugas imigrasi dicandak ka kantor imigrasi anu aya palih
katuhu, abdi mah
ngantosan diluar, saparantos masihkeun paspor, teu kantos 5 menit paspor tos
diwangsulkeun deui, bari ngaleos, surak dilebet hate, da pangaruh obat
penenangna aya
sa jameun deui....
Kaluar ti bandara, masrahkeun eta jalmi kakulawargina, sim abdi mah leos
nepungan
kulawargi anu ngantosan, biur we ka Bogor..
ssw
Emod Morales [EMAIL PROTECTED]
Geus teu aneh deui meureun nya !
=============di teuk 2x =============
Ceplook...pasport dicap kumanehna.
Firdaus : Ini pak paspornya saya bantu !
Rada satengah keuheul, dicokot pasport teh, kuring teu
nyebut nuhun-nuhun acan ! Leos we ngingkig.
Para wargi, anu sering pulang anting ka luar nagri
kungsi ngalan kitu ?
Apih Siddik, Kang Bohay, Kang Hasan sareng nu lianna
kungsi ngalaman ?
Elmu tungtut dunya siar,
hade turut goreng singlar,
mun korupsi burut siah..!!!
Recent Activity
22
New Members
2
New Files
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
Need traffic?
Drive customers
With search ads
on Yahoo!
Yahoo! Mail
You're invited!
Try the all-new
Yahoo! Mail Beta
Yahoo! Photos
Order at Yahoo!
Pick up at Target
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda