Tah geuning, Lamun kitu mah salila ieu kuring salah nerapkeun basa, Contona: X: geus diparaban can? Y: acan, ke wae lah ari salse.
Kedahnamah 'tacan' panginten nya...? Hatur nuhun ah ka sadayana.. Nuhun pisan.. Iwan rekmereduitkanagarawaemenihararese On Thursday, January 25, 2007 12:34 PM , oman abdurahman wrote: Sapuk sakumaha ceuk Mj. nyebut "acan" teh pamalesan tina ngucapkeun anu lengkepna: "henteu acan". Mungkin aya pananya saterusna, ari kecap "acan" naon harti anu sabenerna? Naha sarua jeung "breng" nepi ka "teu acan" sarua jeung "teu breng"? Atawa kecap "acan" sarua jeung "dikawitan", nepi ka "teu acan" sarua jeung "teu dikawitan"? Atawa, kecap "acan" kaasup kelompok kecap basa Sunda anu dipakena ukur dina wangun negatifna wae, sapeti "kaop", "kaopan"? Apan mindeng aya kalimah:"Maneh mah teu kaopan pisan, meus-meus bebeja ka indung", jst. Tapi, tara kacaritakeun aya ebrehan kalimah:"Maneh mah kaopan pisan euy..." jst. Contoh kalimah sejen anu digunakeunana ukur dina wangun negatifna (make kecap "teu" atawa "henteu" dihareupeunana) : payaan, ngabibisani, nolih, mungguhan, antaparah, jst. Conto-conto: 1) "Teu payaan pisan euy, karek sakitu wae geus ceurik" Sabalikna tara aya kalimah: "Payaan pisan euy...jst" 2) "Kuring mah teu ngabibisani, da memang eta teh pagawean hese", Tara aya: "Ngabibisani....jst" 3) "Teu nolih saha anu disanghareupan, kedewek wae....". Tara aya: "Nolih ....jst" 4) "Teu mungguhan eung, boa teuing anu baramaen teh sagala aya diimahna mah". Tara kacaritakeun: "Mungguhan eung ...." 5) "teu antaparah deui, habek wae anu nubruk manehna teh digebugan". Tara kapanggih: "Antaparah...jst". Soal anu kadua mah gampang: maju ka hareup mundur ka tukang asup ka jero ka luar? bisa kaluar imah, kaluar masjid, kaluar rohangan, nepi ka kaluar ti pagawean....:) baktosna, manAR On 1/25/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Alusna mah sae, eh, saena mah ulah waka kecap potonganana, tapi lengkepna. Acan pondokna ti teu acan Teu =henteu Belum = Henteu acan -------- pamajikan (lain US, keur diajar) nanya, tapi jawabanana kuring sorangan teu yakin. kieu yeuh: acan = belum teu = tidak naha: teu acan = belum? ceuk kuring: eta teh "bahasa penekanan", contona model kieu: -maju ke depan -mundur ke belakang -masuk ke dalam -keluar... enya kitu? asa teu nyararambung ///iwan Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links

