Blogna sae, Kang. Perkawis Atlantis ieu memang "eksotis". Gaduh bukuna? Nanging, sigana (Tatar) Sunda mangsa Atlantis nu dimaksad teh Sunda baheula, nya? Mangsa Tatar Sunda masih dieusian ku karuhun urang Papua. Sanes karuhun urang Sunda kiwari. Taun kamari, duka dua taun kapengker ketang, cenah, aya hiji novel nu medar "teori" ngeunaan Atlantis ieu. Urang Padang, nembe 23 taun. Mung abdi sorangan teu acan maca. Sigana tiasa janten babandingan. (Oge ditambih ku sajarah geologi sareng sajarah migrasi karuhun urang Sunda -- sawatara waktos kapengker katingal dipedar di dieu). Baktos, MGT
Faisal Akbar <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ngan hoyong nepikeun ieu topik nu kapendak ku abdi. Ieu ngan postingan kopi paste tina blog abdi di http://kuring.blogspot.com/ --------------------------------- Never miss an email again! Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. Check it out.

