Tradisi Parebut Seeng dina Acara Jatukrami
Di dunya persilatan mah ngaran Cimande asana tos teu bireuk deui, tos
kawentar ka ditu ka dieu. Dugi ka ayeuna oge paguron silat Cimande mah jadi
tempat pangjugjugan pikeun jalma nu hayang miboga elmu kanuragan. Sagedengeun
eta, Cimande oge kakoncara pisan jadi tempat pikeun tatamba jalma nu
kacilakaan, utamana nu ngalaman sarupaning "patah tulang", ti kawit tulang
remuk, tulang potong, pateuh, tug nepi ka urat misalah.
Tangtu wae di Cimande oge aya kasenian nu dadasarna mah tina jurus-jurus
silat, saperti gendang pencak, rampak silat, jrrd. Ngan kakara kaayeunakeun
kuring terang yen di Cimande jeung sabudeureunana teh aya hiji tradisi nu
tiasa disebut unik, nyaeta ayana nu ngaranna tradisi parebut seeng atawa sok
disebut oge tepak seeng dina acara jatukrami.
Tradisi parebut seeng atawa tepak seeng ieu masih keneh lumangsung nepi ka
kiwari, utamana di wewengkon Bogor ka tebeh kidul, ti kawit Ciawi, Ciapus,
Caringin, Cimande, oge sunebar di daerah Sukabumi, saperti di Cidahu, Cicurug,
Cisaat nepi ka Jampang. Sakapeung mah parebut seeng ge sok diayakeun di
Lembur Tapos caket kota Cibinong. Tapi ari di pakulonan Bogor mah jigana
tradisi ieu teu dipakekeun, saperti di padumukan kuring, di Ciampea nepi ka
daerah Jasinga tacan kungsi nguping aya prak-prakan acara samodel kieu.
Duka ti iraha jeung ti mana asalna tradisi parebut seeng teh? Asana memang
can pati kaguar, tapi sigana mah ti jaman kahirupan nu masih keneh lekoh ku
ayana para jawara atawa pendekar. Jeung deui, Bogor atawa Sukabumi ge moal
waka buru-buru disebut tempat asal (pituin) pikeun tradisi ieu. Bisa jadi di
tempat sanes ge aya tradisi samodel kieu teh, tangtuna daerah nu miboga
budaya silat oge.
Kumaha prak-prakanana tradisi parebut seeng teh? Singhoreng seueur geuning
versi-na, tiap wewengkon miboga cara-cara nu meh teu sarua, tapi ari garis
badagna mah memang sawanda, nyaeta parebut seeng teh dilaksanakeunana pas
acara ngabesan. Sakumaha ilaharna nu ngabesan, iring-iringan rombongan
panganten pameget ngabring ngajugjug bumi panganten istri. Di antara rombongan
panganten pameget teh aya saurang wawakil, biasana mah jawara nu nganggo
raksukan pasilat (iket tur baju, calana pangsi) sabari ngagandong seeng nu
ditalian ku samping.
Biasana pihak panganten istri mapageun besan teh di buruan imah atawa di
tempat nu rada lega. Saparantosna dua rombongan papayun-payun dina jarak nu
rada anggang, wakil pihak istri tuluy naros pamaksadan ka pihak pameget, nu
harita keneh diwaler ku wakil pihak pameget. Salah sahiji waleran ti pihak
pameget nyaeta mangrupa tangtangan ka pihak istri, supaya tiasa ngarebut atawa
nepak bujur seeng (nu digandong ku jawara), nembe akad nikah tiasa dilakukeun.
Tangtu wae ku pihak istri ge disanggupan. Tuluyna mah der wae, dua jawara,
boh nu ti pihak pameget oge ti pihak istri tandang makalangan di arena.....
(engke urang tuluykeun...., bade jumaahan heula...)
Cag,
pun hendra
---------------------------------
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.