Hehehe... Panasaran, nya? Tapi, teu anyar teu sing, Kang. Tos lami pisan
saleresna mah: Nu nyicingan Nusantara purba teh nya karuhunna urang Papua.
Karuhun urang mah pan karak "kamari" datangna ti Indocina teh. (Janten rada teu
pas upami urang ngangken pituin teh. Hehehe...).
Upami Akang panasaran keneh, ti mana satemenna karuhun urang, cobi bukaan
deui arsip milis. Asa nembe kamari Kang Surtiwa saparakanca nyawalakeun
perkawis ieu. Ngeunaan pangeusi Nusantara purba, sigana Kang Oman nu langkung
paos. Atanapi Bah Willy. Anjeunna nu kapungkur kantos medar perkawis ieu teh.
Baktos,
MGT
brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nu anyar deui wae, kumaha tah lalakonna Sunda baheula nu dieusian ku
kaurang Papua teh Kang? Punten atuh rada embohan carita na lah :)
porenges
Reksa Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Blogna sae, Kang. Perkawis Atlantis ieu memang "eksotis". Gaduh bukuna?
---------------------------------
No need to miss a message. Get email on-the-go
with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.