> From: hangjuang bodas > > Di wetan mah gelar Aryo masih keneh dianggo, saperti di lingkungan > Keraton Solo, mung kecap aryo tos robih jadi > Haryo. Bangsawan Solo seueur nu kagungan gelar KGPH kacindekan ti > Kanjeng Gusti Pangeran Haryo
Di Jawa, kabisaan ngangganti aran, jadi ngaran "menak", tepi ka ayeuna oge masih dilakukeun. Aya katurunan Tiong Hwa kulantaran gede jasana ka karaton Solo, dibere gelar kabangsawanan. Oge, lamun teu salah mah Iwan Tirta, akhli batik nu urang Sunda, boga gelar kabangsawanan ti Karaton, ngan hilap deui, duka karton Solo atawa karaton Yogya. Lain wae jalma nu hararebat, tapi jalmi biasa sapertos kuncen Gunung Merapi, Embah Marijan, boga aran kabangsawanan, anugrah ti Hamengku Buwono IX kulantaran ngajagaan Gn. Merapi. Aran "menak" Embah Marijan : RADEN NG SURAKSO HARGO. Baktos, WALUYA

