Hebat mang J. Di Jakartana di mana?
Sugan we aya duit jang ongkos (da mun neybut aya waktu bisi katinggali siga
sibuk padahal hanteu) rek hadir salaku KUSNET (sok sanajan can aya
kontribusina oge)
baktos
tantan

On 1/29/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  poe minggu teh nu rek indit pisanna ka jakarta mah, H. Tanzil, cina
bandung, babaturan dina urusan nonovelan, ka kemang tea, ka milangkala
milis apresiasi sastra nu kadua.

kuring dipenta milu da teu apal jkt cenah. nya milu we karunya. nepi ka
kemang teh (make travel baraya ka melawai, turun di prapanca), aya nu
nelp. ti komunitas 1001buku, jaringan relawan nu ngumpulkeun buku2 urut
pikeun taman bacaan anak. maranehna helok yen kusnet geus boga pabukon di
desa2, aktif teu aktif, geus tilupuluhan.

nya bareng nepi ka tempat acara teh, di lantey dasar gedong pertamina-teu
jauh ti istiqlal, acara keur lumangsung. dipenta langsung diuk di hareup
jadi panelis. api2 we jadi direktur pertamina. haha. terus kabagean
cumarita, nya prung we ngadongeng pabukon kusnet.

ke tanggal 10 cenah aya sarupaning pameran pabukon, kusnet di penta
miluan. nya paling nyieun brosur jeung mawa laptop pikeun nayangkeun
kagiatan/foto2 pabukon-nu aya teh cibeber mayak cianjur jeung banjar. oge
daptar pabukon nu aya.

mun tiasa mah ua Sas ngiring, urang pamerkeun kamus Sunda-Inggris tea nu
geus 145 taun umurna!

mj

http://geocities.com/mangjamal




--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke