Siap Mang J. Buku Kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg 1862 ( di Bandung nu
gaduh buku ieu nu kadeteksi aya tiluan : Kang Irfan Anshory, Kang Dedy
Windyagiri sareng sim kuring).
Foto pabukon Mayak, aya, ngan teu pati seueur, sigana di Kang Im nu di Wado
sareng nu sanesna.
Sigana bulan Pebruari mah rada diajar pakepuk, da basa kamari rapat di juru
Rumentang Siang tea, kuirng kapeto jadi Koord Pameran Buku dina acara
Mieling Poe Basa Indung engke tanggal 21 Pebruari 2007, hasil gawe bareng
PPSS-Disbudpar-Unpad, di Aula Unpad Dipati Ukur.
Rada diajar pakepuk teh pedah we kudu nyiapkeun materi (buku-buku) anu rek
dipamerkeun, keur diusahakeun buku buku anu rada antik/unik kudu aya
sinopsis jeung sajarah eta buku.
Nu puguh mah kudu aya heula rak buku-na keur display, ayeuna ge geus aya ari
kana 8 siki mah, rek menta bantuan ka nu apal tata letak nu alus, kahayang
mah sederhana tapi nyeni, teu ngerakeun mawa ngaran Sunda (Japon murid Mang
J mah geus siap mantuan).
Kaduana geus nyobaan ngahubungi komunitas buku/baca nu aya di Bandung bisi
rek ngagelar lapak keur jualan buku, ngondang nu kieu mah moal ngondang
penerbit badag, tapi rek ngondang distributor leuleutikan alias barudak nu
jarualan buku (menta bantuan ka komunitas Lawang Buku).
Mang J, ceuk Teh Elin, Kusnet/YP keur diajukeun meunang Kamus Danadibrata
keur pabukon anu di desa-desa tea, sugan we hasil.
Ka baraya Kusnet anu gaduh buku antik/unik basa Sunda atawa basa naon bae
tapi ngeunaan Sunda, kalawan rido galih bade dipamerkeun, mangga kontak ka
sim kuring, Insya Alloh eta buku bade dijaga moal reksak, moal leungit
(pameranana ge mung sadinten).
Rencana kuring pribadi mah dina pertengahan taun ieu aya kahayang pameran
buku, nu keur diocal-ocal teh gawe bareng jeung CCF, bari rek neangan
sponsor atawa donatur ( nu ihlas, nu rido), da lamun di gugunyeng ku
sorangan mah bisi olab.

MSasmita

----- Original Message -----
From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Monday, January 29, 2007 1:30 PM
Subject: [Urang Sunda] medar pabukon di jakarta


> poe minggu teh nu rek indit pisanna ka jakarta mah, H. Tanzil, cina
> bandung, babaturan dina urusan nonovelan,  ka kemang tea, ka milangkala
> milis apresiasi sastra nu kadua.
>
> kuring dipenta milu da teu apal jkt cenah. nya milu we karunya. nepi ka
> kemang teh (make travel baraya ka melawai, turun di prapanca), aya nu
> nelp. ti komunitas 1001buku, jaringan relawan nu ngumpulkeun buku2 urut
> pikeun taman bacaan anak. maranehna helok yen kusnet geus boga pabukon di
> desa2, aktif teu aktif, geus tilupuluhan.
>
> nya bareng nepi ka tempat acara teh, di lantey dasar gedong pertamina-teu
> jauh ti istiqlal, acara keur lumangsung. dipenta langsung diuk di hareup
> jadi panelis. api2 we jadi direktur pertamina. haha. terus kabagean
> cumarita, nya prung we ngadongeng pabukon kusnet.
>
> ke tanggal 10 cenah aya sarupaning pameran pabukon, kusnet di penta
> miluan. nya paling nyieun brosur jeung mawa laptop pikeun nayangkeun
> kagiatan/foto2 pabukon-nu aya teh cibeber mayak cianjur jeung banjar. oge
> daptar pabukon nu aya.
>
> mun tiasa mah ua Sas ngiring, urang pamerkeun kamus Sunda-Inggris tea nu
> geus 145 taun umurna!
>
>
> mj
>


Kirim email ke