Enya, apan anu ditepikeun ku si kuring mah versi sorangan hehehe. Nya lamun teu asup, teu nanaon, ngaranna oge keur ngimpleng. Sigana enya, "Koja" mah asalna tina "Khoja", wangsa (clan) sodagar ti India tea.
Nuhun Kang ndoel. Kumaha peternakan kutil jeung korong geus aranakan? manAR On 1/31/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Minggu kamari lalazo dina tipi, teuing acara naon, da saliwatan. mintonkeun ziarah ka masjid masjid heubeul di Jakarta. Salah satiluna Masjid di pekojan.. Cnah Pekojan teh asalna tina kecap "Koja" basa India, kusabab baheulana loba urang India dumuk di wewengkon eta... -dul- --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "Dudi Herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > mang, aya dua hal nu rekdibandingkeun, sabab papalimpang jeung kanyaho > kuring salila ieu. > 1. gambir. salah sahiji batur ngalemar (nyeupah). mun teu salah lain > sarupaning bubuahan, tapi rupana jiga biskuit. duka dijieun tina naon. mun > sikuring teu salah, mang oman jigana pahili jeung jambe. > > 2. koja asa sanes korang gede. koja mah asa sarupaning kantong, ayeuna masih > mindeng dipake ku urang baduy. dijieunna tina kulit kai. > > kitu meureun, > dh > > On 1/31/07, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Nuhun Kang Brad, katarimakeun kintunan teh, malah tos dipariosan. Aya > > sababaraha catetan si kuring ngeunaan asal-usul ngaran anu dikintun ku > > salira: > > > > 1. Mayoritas asal-usul ngaran tempat di Jakarta patali jeung ngaran alam > > (walungan, tutuwuhan atawa tatangkalan/flora) oga pakait jeung sajarah/tokoh > > anu ngamimitian muka lahan atawa anu boga lalakon. Conto: Cilincing, > > Cililitan, Pejambon, Ragunan, jst > > > > 2. Catetan khusus: aya dua tempat anu ukur disebut, tapi upama ku urang > > gemet dititenan pedaranana, teu aya saeutik oge kalimah anu nuduhkeun > > asal-asal ngaran eta tempat. Eta 2 tempat anu dimaksud teh nyaeta: Gambir > > jeung Salemba. Ngeunaan Gambir, anu nulis ukur medar sajarahna jeung nataan > > kaayaan tempatna boh ayeuna atawa baheula. Pon kitu deui ngeunaan Salemba. > > Kacindekanana: eta tulisan, khusus keur Gambir jeung Salemba, henteu ngaguar > > asal-usul eta dua aran patempatan di Jakarta. > > > > Gambir, jelas, eta ngaran hiji tutuwuhan anu sok dimanfaatkeun buahna > > pikeun nyeupah (ngalemar). Kecap "gambir" atawa aran keur tutuwuhan kitu > > sigana asli ti Sunda. > > > > Ngeunaan kecap "Salemba", si kuring teu terang jeung teu boga ideu keur > > nerangkeun timana asal-usulna kecap. Manawi nu sanes? > > > > 3. Aya sababaraha kecap anu keur si kuring masih muka kamungkinan > > aya asal-usul sejen. Conto: > > - "Pancoran"--> asal kecap tina kecap Sunda: "pancuran", nya cai anu > > dikamalirkeun make awi biasana mah pikeun kaperluan sapopoe. > > > > - "Pejambon"---> naha teu mungkin asalna tina kecap Sunda "pajambuan" anu > > hartina tempat anu rea tangkal jambuna. Parobahan tina "pajambuan" jadi > > "pajambon" dina basa Sunda eta memang aya aturanana jeung mindeng > > dipraktekkeun. Upamana: pakayuan---> pakayon; pakuwuan --- >pakuwon, > > paguruan--->paguron, jst. Robahna "pajambon" jadi "pejambon" nya wajar > > wae diteruskeun ngucapkeunana ku dialek Jakarta > > > > - "Pakayon"--->mungkin anu ieu campuran: tina basa betawi (Indo) anu > > diucapkeun ku letah Sunda: pakayuan --> pakayon > > > > - Pekojan---.bisa oge tina asal kecap "koja" nyaeta ngaran wadah > > lauk paragi tempat lauk hasil nguseup atawa ngecrik. "Koja" lumayan badag, > > anu leuwih leutik disebutna "korang". Boh koja atawa korang dijieunna > > umumna tina awi. DI Bandung aya tempat ngaranna Pasir Koja. Tina "koja" jadi > > "pakojaan" jadi "pekojan". Bisa wae, > > > > - Srengseng---> bisa wae asal kecapna tina "Sarengseng" nyaeta ara > > sarupa tutuwuhan jenis awi-awian. > > > > - Sundakelapa aslina pake lidah Sunda dong ah: Sundakalapa. Jelas ieu mah > > ti jeung jieunan urang Sunda. > > > > - Cijantung--> tina asal kecap "jantung" (cau), nyaeta bagean kembang cau > > anu teu jadi buah. Bisa jadi bahan kadaharan anu raos, disayur. > > > > 4. Kataji ku asal muasal kecap "Senayan" ngaran tempat anu mashur ayeuna. > > Geuningan tina ngaran tokoh nya? Upama nilik kana kasaruanana jeung ngaran > > anu make wangsa nu sejenna di Sunda, saperti" Wangsagoparana, Wangsaatmaja, > > komo nilik nami kaduana sanggeus kecap "wangsa", eta oge jelas ti wewengkon > > Sunda. Bisa jadi Wangsanaya teh masih aya katurunan ti Wangsagoparana, > > Nangkabeurit, Sagalaherang, Subang. Kang Mgt bade zaroh ka Senayan? hehehehe > > > > > > 5. Kusabab kitu, itung-itung tai lutung, tetela ngaran-ngaran patempatan > > di Jakarta teh masih loba pangaruh kecap Sunda > > > > Cag heula. > > > > baktos, > > manAR > > > > _._,___ > > > > > > -- > ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ > :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: >

