ari di Empang, Bogor nyebut ka masarakat katurunan India teh disebutna Orang 
Koja, 

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            1. Heuheu...puguh eta anu 
jiga biskuit teh asalna tina tangkal/buah gambir. Tapi, upama si kuring salah 
ngeunaan bahan nyeupah, "Gambir" mah teges ngaran tatangkalan. Hal eta kungsi 
kabaca dina salah sahiji buku. Ke heula sugan inget buku naon, rek dikotektak 
heula. 
   
  2. Koja di wewengkon kuring eta kaasup sajenis korang badag. Bisa wae, maksud 
umum "koja" eta sarupaning kantong. Rupa-rupa kantong: kaneron, koja, jst.
   
  Nuhun padungdenganana.
  manAR

 
  On 1/31/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             mang, aya 
dua hal nu rekdibandingkeun, sabab papalimpang jeung kanyaho kuring salila ieu.
1. gambir. salah sahiji batur ngalemar (nyeupah). mun teu salah lain sarupaning 
bubuahan, tapi rupana jiga biskuit. duka dijieun tina naon. mun sikuring teu 
salah, mang oman jigana pahili jeung jambe. 

2. koja asa sanes korang gede. koja mah asa sarupaning kantong, ayeuna masih 
mindeng dipake ku urang baduy. dijieunna tina kulit kai.

kitu meureun,
dh

  On 1/31/07, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] > wrote:             
  Nuhun Kang Brad, katarimakeun kintunan teh, malah tos dipariosan. Aya 
sababaraha catetan si kuring ngeunaan asal-usul ngaran anu dikintun ku salira:
   
  1. Mayoritas asal-usul ngaran tempat di Jakarta patali jeung ngaran alam 
(walungan, tutuwuhan atawa tatangkalan/flora) oga pakait jeung sajarah/tokoh 
anu ngamimitian muka lahan atawa anu boga lalakon. Conto: Cilincing, Cililitan, 
Pejambon, Ragunan, jst 
   
  2. Catetan khusus: aya dua tempat anu ukur disebut, tapi upama ku urang gemet 
dititenan pedaranana, teu aya saeutik oge kalimah anu nuduhkeun asal-asal 
ngaran eta tempat. Eta 2 tempat anu dimaksud teh nyaeta: Gambir jeung Salemba. 
Ngeunaan Gambir, anu nulis ukur medar sajarahna jeung nataan kaayaan tempatna 
boh ayeuna atawa baheula. Pon kitu deui ngeunaan Salemba. Kacindekanana: eta 
tulisan, khusus keur Gambir jeung Salemba, henteu ngaguar asal-usul eta dua 
aran patempatan di Jakarta. 
   
  Gambir, jelas, eta ngaran hiji tutuwuhan anu sok dimanfaatkeun buahna pikeun 
nyeupah (ngalemar). Kecap "gambir" atawa aran keur tutuwuhan kitu sigana asli 
ti Sunda.
   
  Ngeunaan kecap "Salemba", si kuring teu terang jeung teu boga ideu keur 
nerangkeun timana asal-usulna kecap. Manawi nu sanes?
   
  3. Aya sababaraha kecap anu keur si kuring masih muka kamungkinan aya 
asal-usul sejen. Conto:
  - "Pancoran"--> asal kecap tina kecap Sunda: "pancuran", nya cai anu 
dikamalirkeun make awi biasana mah pikeun kaperluan sapopoe. 
   
  - "Pejambon"---> naha teu mungkin asalna tina kecap Sunda "pajambuan" anu 
hartina tempat anu rea tangkal jambuna. Parobahan tina "pajambuan" jadi 
"pajambon" dina basa Sunda eta memang aya aturanana jeung mindeng 
dipraktekkeun. Upamana: pakayuan---> pakayon; pakuwuan --->pakuwon, 
paguruan--->paguron, jst. Robahna "pajambon" jadi "pejambon" nya wajar wae 
diteruskeun ngucapkeunana ku dialek Jakarta 
   
  - "Pakayon"--->mungkin anu ieu campuran: tina basa betawi (Indo) anu 
diucapkeun ku letah Sunda: pakayuan --> pakayon
   
  - Pekojan---.bisa oge tina asal kecap "koja" nyaeta ngaran wadah lauk paragi 
tempat lauk hasil nguseup atawa ngecrik. "Koja" lumayan badag, anu leuwih 
leutik disebutna  "korang". Boh koja atawa korang dijieunna umumna tina awi. DI 
Bandung aya tempat ngaranna Pasir Koja. Tina "koja" jadi "pakojaan" jadi 
"pekojan". Bisa wae, 
   
  - Srengseng---> bisa wae asal kecapna tina "Sarengseng" nyaeta ara sarupa 
tutuwuhan jenis awi-awian.
   
  - Sundakelapa aslina pake lidah Sunda dong ah: Sundakalapa. Jelas ieu mah ti 
jeung jieunan urang Sunda.
   
  - Cijantung--> tina asal kecap "jantung" (cau), nyaeta bagean kembang cau anu 
teu jadi buah. Bisa jadi bahan kadaharan anu raos, disayur. 
   
  4. Kataji ku asal muasal kecap "Senayan" ngaran tempat anu mashur ayeuna. 
Geuningan tina ngaran tokoh nya? Upama nilik kana kasaruanana jeung ngaran anu 
make wangsa nu sejenna di Sunda, saperti" Wangsagoparana, Wangsaatmaja, komo 
nilik nami kaduana sanggeus kecap "wangsa", eta oge jelas ti wewengkon Sunda. 
Bisa jadi Wangsanaya teh masih aya katurunan ti Wangsagoparana, Nangkabeurit, 
Sagalaherang, Subang. Kang Mgt bade zaroh ka Senayan? hehehehe 
   
  5. Kusabab kitu, itung-itung tai lutung, tetela ngaran-ngaran patempatan di 
Jakarta teh masih loba pangaruh kecap Sunda 

Cag heula.
   
  baktos,
  manAR
   



_._,___ 




-- 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:   
  






  

         

 
---------------------------------
Now that's room service! Choose from over 150,000 hotels 
in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.

Kirim email ke