halah hatur nuhun wa, nambih ingfo siabsi.. di bandung ping 21? heuheu
jigana sanes poe beureum nya wa? duka tah tiasa bolos teu nya?

dh

On 1/30/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Eta anu dicatet ti taun 1960 dugi ka taun 1974 ( taun 1960 mung aya 1,
taun 1974 mung aya 2), janten periodena dina eta catetan mung ti taun
1960-1974.
Sedengkeun sastra Sunda tos aya ti 1860an nu munggaran Wawacan Panji
Wulung kenging H.Muhamad Musa.
Nu aya dina eta catetan seuseueurna roman pop ( dugi ka ayeuna katingalna
teu acan aya nu nalungtik kumaha pangaruhna kana kamekaran basa Sunda
padahal waktos taun 1970an kacida kawentarna dongeng enteng pasosore dina
radio, nu seuseueurna nyandak tina roman pop sapertos kitu),mung eta catetan
teu sadayana anu janten sabiwir hiji mangsa harita sapertos Neng Elah teu
kasebat, kitu deui Sirod Jelema Gaib.
Pangarang moyan sanesna teu kasebat sapertos Moh Ambri, Olla S
Sumarnaputra, SA Hikmat, Candrahayat, Aam Amilia, Abdulah Mustafa, Usep
Romli HM, Iskandar wasid, GS, Yuhana, RAFsjte, komo pangarang entragan
ayeuna mah teu aya deui bae.
Eta mah katingalna mung catetan pangarang Sunda nu aya di inyana, mung anu
salut eta buku tos teu aya dipasaran, mun mendak ge sok tara lengkep bari
parantos butut, sedengkeun inyana aya di Malaysia.
Paingan atuh paingan mun hoyong diajar Sunda, ayeuna kiblatna teu kedah ka
Walanda tapi cekap ka Malaysia, eta teh sok aya dina paguneman para
pangarang Sunda.

Nuhun kang Dudi, tos masihan alamat web-na, janten referensi kanggo abdi.
Insya Alloh engke kaping 21 Pebruari 2007 bade ngayakeun pameran buku
Sunda, dina acara mieling poe basa indung, tempatna di Aula Unpad Dipati
Ukur, mangga didongdon da terbuka kanggo umum.

MSasmita

----- Original Message -----
*From:* Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]>
*To:* Kusnet <[email protected]>
*Sent:* Wednesday, January 31, 2007 3:07 PM
*Subject:* [Urang Sunda] daptar koleksi sastera sunda

teu kahaja, manggihan daptar ieu ti
http://pkukmweb.ukm.my/~patma/HOMEPAGEBARU/SENARAI%20KOLEKSI%20SASTERA%20SUNDA.doc<http://pkukmweb.ukm.my/%7Epatma/HOMEPAGEBARU/SENARAI%20KOLEKSI%20SASTERA%20SUNDA.doc>..
geuning dina daptar eta mah sastra sunda teh ngan ukur 275 judul...

dh
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

 __
_,___




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

Kirim email ke