Punten ah bade ngabejaan bulu tuur hehehe... Panuju, jigana "koja" teh leuwih caket kana "khoja" nu hartosna "saudagar". Numutkeun kamus oge "khoja" teh hartina saudagar (persia atawa hindustan -india). Di Banten aya wewengkon nu namina Pakojan, nu asalna tina Pakojaan. Cenah di zaman Kasultanan Banten eta teh tempat pemukiman para saudagar persia jeung india. Wallahu'lam. Wass ESS
Firman Raharja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kahade ah Kang kadieu oge teu aya seungitna komo deui ................. sorana hi hi hi On 1/31/07, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Leres apih, di daerah Kanekes oge urang Baduy ngadamel koja tina tali anu > bahanna tina kulit tangkal Teureup. Anapon ari Teureup eta tangkal jenis > nangka, asana mah. Jadi, aya Teureup, Kulur (B.Ind: Sukun, B. Jawa: Keluwih, > B. Bugis: Baka), Nangka, oge Cempedak (tuh, karek ditulis oge geus > ngahiliwir seungit khas buah nangka jeung dulur-dulurna).. > > Tah ngeunaan kameuti eta abdi nembe terang. Nuhun Pih. > > baktos, > manAR > > > On 1/31/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Ieu mah ngiriing ngaramekeun wee.. > > Didaerah Cianjur ; > > Koja : mangrupi kantong (disorendang) didamelna tina anyaman kulit tangkal > > Teureup > > Kaneron : sapertos tas sorendang aya tutupan, didamelna tina anyaman kulit > > Hoe > > Kameuti : ampir sami sareng kaneron namung teu aya tutupan, didamelna tina > > anyaman > > daun tangkal Gebang ( Gebang, ampir sami sareng tangkal > > Palm/Jambe namung > > daunna meber sapertos kipas, lambaran daunna liat tiasa > > dianggo tali). > > > > ssw > > > > *oman abdurahman [EMAIL PROTECTED] > > > > 1. Heuheu...puguh eta anu jiga biskuit teh asalna tina tangkal/buah > > gambir. Tapi, upama si kuring salah ngeunaan bahan nyeupah, "Gambir" mah > > teges ngaran tatangkalan. Hal eta kungsi kabaca dina salah sahiji buku. Ke > > heula sugan inget buku naon, rek dikotektak heula. > > > > 2. Koja di wewengkon kuring eta kaasup sajenis korang badag. Bisa wae, > > maksud umum "koja" eta sarupaning kantong. Rupa-rupa kantong: kaneron, > koja, > > jst. > > > > Nuhun padungdenganana. > > manAR > > > > > > On 1/31/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > mang, aya dua hal nu rekdibandingkeun, sabab papalimpang jeung kanyaho > > > kuring salila ieu. > > > 1. gambir. salah sahiji batur ngalemar (nyeupah). mun teu salah lain > > > sarupaning bubuahan, tapi rupana jiga biskuit. duka dijieun tina naon. > mun > > > sikuring teu salah, mang oman jigana pahili jeung jambe. > > > > > > 2. koja asa sanes korang gede. koja mah asa sarupaning kantong, ayeuna > > > masih mindeng dipake ku urang baduy. dijieunna tina kulit kai. > > > > > > kitu meureun, > > > dh > > > > > > > > . > > > > > > > > > > http://cikundul3.multiply.com > > *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda* > > *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda* > > > > > > > > --------------------------------- Never Miss an Email Stay connected with Yahoo! Mail on your mobile. Get started!

