teu pungkal-pengkol mah nabrak tangkal atuh, Pih...!!!

Ngemeng-ngemeng ngeunaan kutil, geuning ari dibahas mah mani murudul
pangalaman para mitra teh. Heheh... Ari kuring pribadi mah rumasa can kungsi
kutilan (palias... palias... baraaid teuing... nyingkah kaituh!!!), malah ka
awak kuring mah bisul oge ampir bae teu kungsi ngaranjah. Tamba panasaran,
keur mah kasindiran ku obrolan Kang nDoell jeung Neng Geulis nu nyabit2
wikipedia (tina gaya omongna mah katebak siah eta neng geulis teh, heuheu...
Ih hanjakal temen... geulis-geulis kutilan...), nya disusud di internet.
Horeng simana horeng... bisul ge loba narajang jalma bule. Di peuntas mah
cenah ngaranna teh wart. Ieu kasakit teh cenah alatan impeksi (infection lah
bisi teu ngarti mah...) virus papilloma. Nilik kana gejalana anu mindeng datang
teu dijemput mulang teu dianteur, pasti ieu kasakit raket patalina jeung
kaayaan awak, utamana imunitas atawa kawedukan awak (??? heuheu...). Hiji
mangsa ujug2 marentis, sanggeus sababaraha lila ngiles sorangan (moal kitu
eraeun mah?), luyu jeung kawedukan awak urang waktu harita.

Kumaha carana natambaan panarajang kutil, anu dipedar ku para mitra ge
sigana mah leres, mung kadang meureun teu metu, kirang reprodusibel ceuk
mantan Kang Haji mah. Teorina mah, ieu impeksi bisa diubaran ku maehan
sumber kasakitna, si virus tea (enya kitu? heuheu... nyanyahoanan). Carana
nya ku misalna mere hahaseuman sarupaning asam salisilat. Mun kitu mah boa
ku cuka ge bisa diubaran... Komo mun sanggeus dicukaan teh dipurulukan uyah,
dikecapan saeutik, laju dibeuleum... Pantesna teh hangit... Beu... ni tega,
ih..!!

Aya deui cenah nu diubaran ku sabangsaning plester, tapi numutkeun hasil
panalungtikan, cenah peta kitu teh teu beda jeung cara2 anu geus biasa
dipigawe pikeun ngubaran kutil. Aya deui nu ku cara hipnoterapi, dihopnotis.
Tuh geuning... tetela hipnotis teh hebring pisan, nepi ka kutil ge bisa
katipu!!! Tina cara hipnoterapi ieu, aya kacindekan yen perkutilan teh aya
patalina jeung psikologi atawa suasana hate urang! Heuheu... Bisa bae gara2
setres komplikasi jadi kutil. Ari kituna mah untung, setres teh teu nepi ka
ngabalukarkeun serangan jantung. Pira ge kutil, ke ge eraeun sorangan
sugan... Ilaharna, kaayaan psikologis urang teh mangaruhan kana kawedukan
awak urang. Mun urang setres, misalna gara2 loba teuing kabogoh, biasana
imunitas awak urang sok turun. Tah, pas keur teu walagri kitu aya virus
atawa kuman narajang, bisa2 urang gering. Anapon kasakit impeksina bisa
rupa2, ti mimiti kutil, ewateun bin jarawat, nepi ka tbc ge sigana bisa.
Komo mun keur kitu teh asupan dahar urang teu cukup giji...

Tos ah, ngacaprak teuing...

On 31/01/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  ahhh...biasa ieu mah sok pungkal-pengkol....
(ceuk kumi : teu pungkal pengkol mah nabrak tangkall atuuhhh..!!)

Kirim email ke