wa'alaikum salam wr. wb...

wilujeng tepang Gia, abdi Ina kawit ti Bandung - rorompok di depok - damel di 
Jakarta
sami muridna Pak Djoko Soetono alm., namung abdi mah lulusan 98 (angkatan 94)
panginten kapungkur kantos papendak di kampus nya ;)
ngan teu apal urang cibiru da mun apal mah digabrug hehehe...

wassalam,
~ina

----- Original Message ----- 
  From: Lygia Nostalina 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, February 01, 2007 1:19 AM
  Subject: [Urang Sunda] NEPANGKEUN


  Assalamualaikum Wr Wb...

  nepangkeun, nami abdi Lygia Nostalina, kawit ti
  Cibiru,Bandung...hehehehe...mung lahir dugi ka lulus
  kuliah di jakarta.Abdi lulus ti Fakultas Hukum UI taun
  2002 (angkatan 96),29 tahun

  Ayeuna abdi kerja di perusahaan IT gaduh babaturan,
  sami di cibiru oge.Software house kitulah....bilih aya
  nu bade ngadamel program?huehehehe..naha ka dinya los
  na nya?

  abdi tos gaduh bati 2, sapasang......nu ageung
  pameget,yuswana nembe 5 tahun, kelas TK B, namina
  Muhammad Hafidz Rakana,neuneuhna Afis
  Nu alit, istri, yuswa 4 taun, namina Shaffiya Shirayna
  Adzanie alias rayna..janten kumplit tah, rakana sareng
  rayna, hihihi....

  abdi teh nyerat ieu, hoyong ngalancarkeun basa
  sunda..da abdi teh ti aalit nyarios ku basa indonesia
  wae,padahal mah tos ti kelas 1 SD keneh resep maca
  mangle nu pun biang dugi ka ayeuna, janten punten we
  upami basa sunda abdi karaos kasar jeung garihal da
  kumaha atuh..tos ti dituna kieu...

  abdi resep maca sareng nulis, utamina nulis puisi,
  corat coret kitulah,teu pararuguh coretannana. kumargi
  abot pisan hirup janten single parent teh, 

  janten mun teu di seling ku nulis atawa maca teh
  tambih abot we ..huehehehehe.....

  abdi bade naros ka baraya urang sunda nu didieu,
  kumaha carana janten single parent nu berhasil sareng
  sukses..utamina dalam hal bekerja sekaligus mengurus
  anak? 
  kumargi abdi teu gaduh rencang, dibantuan ngurus
  barudak ku mamah sareng abah, mung karaos isin..da
  isin nyesahkeun kolot we ti alit 

  barudak osok protes mun abdi sibuk teh...da kumaha
  atuh, mun teu kitu teu tiasa
  ngabayuan...hahaha....bahasana pabeulit nya?
  pan ceuk kang boim ge, kudu gede kawani,,,
  sanes kitu kang? (Gia kedip-kedip...)

  tos heula ah....
  nembe ayeuna pisan nulis ku basa sunda..
  aneh jeung pabeulit..
  tapi da hoyong tiasa, ngamumulekeun basa urang

  punten mun tema jeung isinya kararacau nya...
  harap dimaklum we......
  uhuk..uhuk......tuh pan, jadi we batuk..

  marangga sadaya...salam kenal, HIDUP PERSIIBB...!!!

  be Possitive,

  GIA

  __________________________________________________________
  We won't tell. Get more on shows you hate to love 
  (and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.
  http://tv.yahoo.com/collections/265 


   

Kirim email ke