Abdi mah angkatan 2000, lulus taun 2004, mung sanes lulusan ti Hukum UI. 
Da teu resep hukum-hukuman tea, komo supremasi hukum di Indonesia nu masih 
amburadul mah heuheuheu...

Abdi mah lulusan ti Institut Tani Bandung. Ayeuna pakasaban mah tukang 
nyieunan pipa-pipa nu panjang, buleud jeung gede. Oge tukang nyieunan 
reaktor, kompa, kompresor, dreum, tangki jsb. Jadi kuli dunungan-dunungan 
minyak jeung gas.

Peace ah...



Baktos,
OTA
 



"Ina Ratnawulan" <[EMAIL PROTECTED]> 
Sent by: [email protected]
02/01/2007 07:43 AM
Please respond to
[email protected]


To
[email protected]
cc

Subject
Re: [Urang Sunda] NEPANGKEUN






wa'alaikum salam wr. wb...
 
wilujeng tepang Gia, abdi Ina kawit ti Bandung - rorompok di depok - damel 
di Jakarta
sami muridna Pak Djoko Soetono alm., namung abdi mah lulusan 98 (angkatan 
94)
panginten kapungkur kantos papendak di kampus nya ;)
ngan teu apal urang cibiru da mun apal mah digabrug hehehe...
 
wassalam,
~ina
 
----- Original Message ----- 
From: Lygia Nostalina 
To: [email protected] 
Sent: Thursday, February 01, 2007 1:19 AM
Subject: [Urang Sunda] NEPANGKEUN

Assalamualaikum Wr Wb...

nepangkeun, nami abdi Lygia Nostalina, kawit ti
Cibiru,Bandung...hehehehe...mung lahir dugi ka lulus
kuliah di jakarta.Abdi lulus ti Fakultas Hukum UI taun
2002 (angkatan 96),29 tahun

Ayeuna abdi kerja di perusahaan IT gaduh babaturan,
sami di cibiru oge.Software house kitulah....bilih aya
nu bade ngadamel program?huehehehe..naha ka dinya los
na nya?

abdi tos gaduh bati 2, sapasang......nu ageung
pameget,yuswana nembe 5 tahun, kelas TK B, namina
Muhammad Hafidz Rakana,neuneuhna Afis
Nu alit, istri, yuswa 4 taun, namina Shaffiya Shirayna
Adzanie alias rayna..janten kumplit tah, rakana sareng
rayna, hihihi....

abdi teh nyerat ieu, hoyong ngalancarkeun basa
sunda..da abdi teh ti aalit nyarios ku basa indonesia
wae,padahal mah tos ti kelas 1 SD keneh resep maca
mangle nu pun biang dugi ka ayeuna, janten punten we
upami basa sunda abdi karaos kasar jeung garihal da
kumaha atuh..tos ti dituna kieu...

abdi resep maca sareng nulis, utamina nulis puisi,
corat coret kitulah,teu pararuguh coretannana. kumargi
abot pisan hirup janten single parent teh, 

janten mun teu di seling ku nulis atawa maca teh
tambih abot we ..huehehehehe.....

abdi bade naros ka baraya urang sunda nu didieu,
kumaha carana janten single parent nu berhasil sareng
sukses..utamina dalam hal bekerja sekaligus mengurus
anak? 
kumargi abdi teu gaduh rencang, dibantuan ngurus
barudak ku mamah sareng abah, mung karaos isin..da
isin nyesahkeun kolot we ti alit 

barudak osok protes mun abdi sibuk teh...da kumaha
atuh, mun teu kitu teu tiasa
ngabayuan...hahaha....bahasana pabeulit nya?
pan ceuk kang boim ge, kudu gede kawani,,,
sanes kitu kang? (Gia kedip-kedip...)

tos heula ah....
nembe ayeuna pisan nulis ku basa sunda..
aneh jeung pabeulit..
tapi da hoyong tiasa, ngamumulekeun basa urang

punten mun tema jeung isinya kararacau nya...
harap dimaklum we......
uhuk..uhuk......tuh pan, jadi we batuk..

marangga sadaya...salam kenal, HIDUP PERSIIBB...!!!

be Possitive,

GIA

__________________________________________________________
We won't tell. Get more on shows you hate to love 
(and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.
http://tv.yahoo.com/collections/265 
 

Kirim email ke