YP dina bulan Pebruari taun ieu umurna geus lima taun, manjing disebut kudu geus bisa lumpat geus liwat tina lelengkah halu. Mun teu salah Kang MGT geus tilu kali nulis perkara YP, enas-enasna mah hayang aya kamajuan, sangkan YP beuki karasa kiprahna, beuki loba mangfaatna. Ti kamari kuring ukur ngadepong teu mairan, lain nanaon, asa can mangsana, tapi ayeuna mah geus asup kana bulan Pebruari, bulan digubragkeunana YP ka alam nyata, pangurus geus 5 taun gawena, ceuk dina akte YP, bisa dititenan deui kumaha ketakna salila ieu. Kulantaran YP teh lahir tina kahayang anggota Kusnet dina taun 2002, nya teu bisa leupas tina ayana Kusnet, oge maju mundurna gumantung kana pamadegan anggota Kusnet, sok sanajan anggota Kusnet dina ngarojong YP euweuh paksaan, kumaha pamadegan pribadina sewang-sewangan. Ka baraya Kusnet (anggota ieu milis) sadayana anu gaduh katineung, mangga geura medar pamadeganana, kitu deui ka anu sayagi janten pangurus mangga dihaturanan geura tatan-tatan. Supados urang sadayana terang bule hideungna salami lima taun kiprahna, ka Pengawas (kang MGT) saluyu sareng tugas kawenanganana saena ngayakeun audit, boh tina jihad organisasi, administrasi, kagiatan atuh kitu deui finansial, dijantenkeun hiji laporan resmi kanggo Pembina sareng balarea, tina eta laporan urang tiasa nga-evaluasi kanggo kapayuna. Formatna mah mangga we nyanggakeun, mung sahenteuna aya objek pamariosan (organisasi, administrasi, kagiatan, keuangan, ieu mah mung ancer-ancer), hasil pamariosan, saran, tanggapan ti anu diparios. Sim kuring nyuhunkeun ieu laporan teh salaku Dewan Pembina, nya sahenteuna ku ayana ieu laporan janten ciri roda organisasi ngagorolong kalawan leres. Hatur nuhun.
MSasmita

