Haturan baraya sadaya...!
naon anu dipimaksad ku Ua Sas, MJ oge kang MGT lan nu sanes sae kanggo
lengkah salajengna YP kahareup. Mung supados langkung kena kana naon anu
parantos dipedar sarang dipagunemkeun ngenaan YP ka payun, sim abdi aya usul
pikeun tanda sukuran lima taun YP ngadeg kumaha lamun urang ngayakeun
kongres atanapi riungan sakalian madungdengkeun ketak lengkah YP ka hareup.
soal tempat sareng waktuna mangga diatur tapi sangkan laluasa mah saena dina
poe saptu atanapi minggon, mudah-mudahan sim abdi tiasa ngiring ngaluuhan
engke dina waktosna.

cag...ah, nuhun.

"kkbm'69"
-sakalian lounching kaos Kusnet tuju taun....hehehe

On 1/31/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Supados urang sadayana terang bule hideungna salami lima taun kiprahna, ka
Pengawas (kang MGT) saluyu sareng tugas kawenanganana saena ngayakeun audit,
boh tina jihad organisasi, administrasi, kagiatan atuh kitu deui finansial,
dijantenkeun hiji laporan resmi kanggo Pembina sareng balarea, tina eta
laporan urang tiasa nga-evaluasi kanggo kapayuna.
Formatna mah mangga we nyanggakeun, mung sahenteuna aya objek pamariosan
(organisasi, administrasi, kagiatan, keuangan, ieu mah mung ancer-ancer),
hasil pamariosan, saran, tanggapan ti anu diparios. Sim kuring nyuhunkeun
ieu laporan teh salaku Dewan Pembina, nya sahenteuna ku ayana ieu laporan
janten ciri roda organisasi ngagorolong kalawan leres. Hatur nuhun.

MSasmita

Kirim email ke