Eh ulah ngan ukur usul atuh. ngajak we sakalian. cing kanu salse, sugan tanggal 11 februari poe minggu asana, urang kongress, ngawangkong teu beres-beres. tempatna di mana? nu gampang di bandung margacinta bumi si ua sasmita, jl. margawangi 7 no. 5 margacinta
atawa di imah akina budak : rajamantri kaler 23 buah batu bandung On 1/31/07, kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan baraya sadaya...! naon anu dipimaksad ku Ua Sas, MJ oge kang MGT lan nu sanes sae kanggo lengkah salajengna YP kahareup. Mung supados langkung kena kana naon anu parantos dipedar sarang dipagunemkeun ngenaan YP ka payun, sim abdi aya usul pikeun tanda sukuran lima taun YP ngadeg kumaha lamun urang ngayakeun kongres atanapi riungan sakalian madungdengkeun ketak lengkah YP ka hareup. soal tempat sareng waktuna mangga diatur tapi sangkan laluasa mah saena dina poe saptu atanapi minggon, mudah-mudahan sim abdi tiasa ngiring ngaluuhan engke dina waktosna. cag...ah, nuhun. "kkbm'69" -sakalian lounching kaos Kusnet tuju taun....hehehe

