peuting tadi jam 7an aya Dika-msiswa jurnalistik fikom unpad jeung Gugun, msiswa ekstensi humas unpad- nu taun kamari KKN di desa Manis Kidul Jalaksana Kuningan datang ka imah rajamantri . harita dua msiswa UNPAD eta milu KKN di manis kidul jalaksana kuningan, ngayakeun program taman bacaan/perpustakaan desa. tempatna di karang taruna, sagedong jeung kantor desa. ngumaha ka yp nya dibantuan buku dan ongkoh di kuningan can pabukon cap pasaka tea.
cenah ayeuna kepala desa jeung masyarakat keur teu hade. nepi ka karang taruna oge bubar. pabukon nu tempatna di rohangan karangtaruna di desa, tutup. aya nu nyalametkeun buku2na, landihanana Paul cenah. Paul eta laporan ka Gugun nu dina KKN panitia, ngumaha. Gugun jeung DIka ngumaha ka kuring tadi peuting.. nya dibere pilihan : 1. tanya ka Paul naha daek ngurus pabukon pikeun barudak di sabudeureunana 2. Mun henteu, pilari guru SD atawa SMP. sugan kersaeun. 3. mun guru teu kersaeun (cilaka mun guru embung katitipan buku bacaeun barudak lingkunganana), nya ka SD-keun nu aya di dinya. 4. aya tilu SD jeung hiji madrasah cenah, nya bagikeun we ka SD+madrasah di dinya. Gugun nyanggupan rek nepikeun eta ka urang manis kidul utamana Paul nu ayeuna ngampihan buku. gugun oge ngirim foto2 kagitan barudak nu keur maraca di pasaka karangtaruna. aya di komputer imah. -- geocities.com/mangjamal

