--- In [email protected], "Ambu Bagja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Harita keur kakara pisan jadi indung, si Bagja orok keneh pisan > (kurang ti sabulan), ari jam 3 janari, si Bagja hudang asanamah > pipis.. Kuniang kuring ge hudang.. Ari hudang kalah ngadenge sora nyi > kukun, ngahihih mani atra.. hihihihihihihi beuki lila beuki jauh > sorana teh.. isukna ditanyakeun ka lanceuk nu kamarna gigireun kamar > kuring, enya cnah, manehna ge ngadenge... cenah nu kararitu mah > resepeun ka budak orok...
Uluh ....aya "Neng kukun" di Jatinangor? ...hiyyy sieun, sakitu ayeuna mah kacida ramena. Tah lamun baheula mah, basa Jatinangor leuweung karet keneh, enya sok loba kacaritakeun, pangpangna mah ti supir, nu ngaliwat ka lebah dinya ti peuting. Salah sahiji dongengna ti tatangga, nu nyupiran ngaliwat ka palebah dinya tengah peuting. Jalan geus simpe pisan. Aa Ian, ngaran tatangga teh, keur anteng we nyupiran, ari pas dihareupeun SPDN ayeuna, kaget aya nu rungkung-ringkang ditengah jalan kasorot lampu, mobil dikendoran, beuki deukeut, beuki sidik, aya awewe ditataranjang keur joged-jogedan. Bulupunduk muringkak, Aa Ian ngerem mobil, tepi ka eureunna. Awewe nu ditataranjang teh bet ngiles leungit. Ceuk kuring teh : "Nu Gelo meureun A!" "Lain, sidik lain, nu gelo mah moal bersih jeung sampulur kitu", cenah, bari kumetap ..... Baktos, WALUYA

