korih mah teu aya.....nu aya bulu hiris......eta mah manuk nya? wass c2pst
----- Pesan Asli ---- Dari: ndoell <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Kamis, 1 Febuari, 2007 3:43:31 Topik: [Urang Sunda] Re: Sora manuk nu jadi totonden (sora sato) -mistis- maca dongeng Jurig teh, eta bulu kuduk uing berdiri naha berdiri ? da dina kudukna euweuh korsih.. heu heu -dul- --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "Ambu Bagja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Heuheu, duka teuing atuh Bah, sarengsena JATOS (Jatinangor Town > Square), pan di luhur teh (kos2an) nuju teu araya sasaha, da libur > panjang tea budak kost-na. Di luhur teh jadi gandeng mun tiap wengi > teh, ari silidik punya silidik (maksa), cnah jurig2 nu ti Jatos teh > dipindahkeun ka imah uing.. Paingan gandeng si kehed teh.. Eta ge > terang soteh aya dulur nu sumping ka dieu, rada tiasaan ka nu > kararitu.. Teras dido'aan jeung dicai uyahan tiap juru ka tiap lante. > Geus kitu mah peuting teh mani ngareunah, sepi teu gararandeng deui.. > > Tapi naha enya jurig sieuneun ku ciuyah?? (teuing asineun meureun > nya??) heuheuheu > > Tanah nu dianggo Jatos teh, tanah Pa Kadarsah (nu ngarang buku2 Sunda > jeung buku2 pelajaran basa Sunda taun 60-80an). Cenah di dinya teh > loba jurigan, jeung raja jurigna teh ayana di tangkal muncang (ayeuna > g tangkal muncangna teu dituar, da sieuneun nu nuarna) > > Urusan jurig di STPDN, gegedug jurigna nyaeta Nyi Lilis biasana mah > sok nganggo acuk beureum, ari caritana kapungkur kulawarga neng Lilis > teh dipaehan di nu ayeuna diadegkeun STPDN. Ari giliran neng Lilis > saacan dipaehan teh diperkosa heula.. Nya jadina marakayangan. > > Basa bulan-bulan kamari, kungsi ngobrol jeung budak STPDN urang > Cirebon. Cenah mah di STPDN kuat pisan aura mistisna, kusabab tiap > jelema ti Sabang-Merauke marawa isim masing2.. Jeung mun geus teu > diperelukeun, dipiceun weh sambarangan. Kungsi nu rek nyieun tayangan > Ukauka ge teu kuateun da jurigna rea teuing, ti Sabang sampai > Merauke.. Mani asa lagu wajib Dari Sabang sampai Merauke.. > > Ceuk cenah eta oge... hueheuhe > > ~ipup~ > > --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "waluya56" <resoma@> wrote: > > Uluh ....aya "Neng kukun" di Jatinangor? ...hiyyy sieun, sakitu ayeuna > > mah kacida ramena. Tah lamun baheula mah, basa Jatinangor leuweung > > karet keneh, enya sok loba kacaritakeun, pangpangna mah ti supir, nu > > ngaliwat ka lebah dinya ti peuting. > > > > Salah sahiji dongengna ti tatangga, nu nyupiran ngaliwat ka palebah > > dinya tengah peuting. Jalan geus simpe pisan. Aa Ian, ngaran tatangga > > teh, keur anteng we nyupiran, ari pas dihareupeun SPDN ayeuna, kaget > > aya nu rungkung-ringkang ditengah jalan kasorot lampu, mobil > > dikendoran, beuki deukeut, beuki sidik, aya awewe ditataranjang keur > > joged-jogedan. Bulupunduk muringkak, Aa Ian ngerem mobil, tepi ka > > eureunna. Awewe nu ditataranjang teh bet ngiles leungit. > > > > Ceuk kuring teh : "Nu Gelo meureun A!" > > "Lain, sidik lain, nu gelo mah moal bersih jeung sampulur kitu", > > cenah, bari kumetap ..... > > > > Baktos, > > WALUYA > > > ________________________________________________________ Sekarang dengan penyimpanan 1GB http://id.mail.yahoo.com/

