Aya budak keur alewoh ka lanceukna. Ku lanceukna diayunkeun daria pisan.
Kieu cenah gunemanana teh.
Adi : A, ari PERSIB teh naon ?
Lanceuk : PERSIB teh ngaran kleub, kleub mengbal.
Adi : Oooo model PERSETAN di kampung urang ?
Lanceuk : Tah, enya model kitu !
Adi : Ari PERSETAN di kampung urang mah pan Persatuan
Sepak Bola
Tanpa Nama, ari PERSIB naon ?
Lanceuk : PERSIB mah Persatuan Sepak Bola Bandung.
Adi : Ari PERSIJA ?
Lanceuk : PERSIJA mah Persatuan Sepak Bola Jakarta.
Adi : Urang Bandung meunang teu A, miluan PERSIJA ?
Lanceuk : Ari maneh, pan geus puguh ngaranna ge Jakarta, nya keur
urang
Jakarta wungkul atuh. Urang Bandung mah pan PERSIB tea.
Adi : Tapi, di PERSIB mah geuning urang Kamerun ge
meunang miluan ?
Lanceuk : Eta mah lain deui masalahna.
Adi : Ooooh aya masalah ? Naon A, masalahna ?
Lanceuk : Masalahna mah, kawas maneh !
Adi : Kawas uing kumaha ?
Lanceuk : Kawas maneh, remen gelut ! Unggal gelut, pasti eleh !
Mun geus eleh
pasti leweh, alias menyeng bari ngomong : Jakeun
siah ka Kang Oni
pedah kang Oni tukang menpo, lin ?
Adi : ???!!
---------------------------------
Bored stiff? Loosen up...
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.