matakna tong diteureuyan ari barang dahar teh gayem heula atuh
On 2/1/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Rada ngahuleng oge .... saatos ngilo eta postingan ..... naha masak gagang kangkung teu dibeulahan kitu.....?, pan gagang kangkung mah sabuku-buku siga ruas awi, timana lebetna eta lentah.....? Kantos oge nguping waktos alit perkawis "lentah" teh, namung sanes baranahan, namung ngaageungan. Cariosna kieu : Kapungkur dikampung kantos nguping wartos tisepuh-sepuh, yen dikampung anu aya hiji istri disangki ngandung, namung eta istri anu ngandung teh siga jalmi kirang sehat, sepa siga teu aya/kirang getih, diparios ku paraji, saur paraji nuju kakandungan sakitu sasih, namung tos kalangkung waktosna ngalahirkeun, teu ngalahirkeun-ngalahirkeun wae, tambih-tambih eta anu kakandungan warugana tambih begung wae, akhirna kukulawargina dicandak kakota, diparios dirumah sakit. Sihoreng simana horeng, eta istri sanes kakandungan, namung dina rahimna aya lentah... saur dokter eta lentah lebet tina (punten) larangan eta istri waktos ibak di wahangan, waktos lebetna mah eta lentah masih keneh alit, lami-lami janten ngagageungan. Waktos dikaluarkeun (dioperasi) parantos saageung beuncing panangan...wallahu alam.. (ceuk abahna jang Bagja :"pasti lentahna, lentah jalu....!!) Anu kadua, ieu oge saur cenah : Aya budak angon mendakan lentah ngadaplok dina badan munding, kumargi tos nyedot getih munding, eta lentah tos ngabadagan, janten saageung indung suku budak, pangangguran eta lentah kubudak angon di dileupaskeun tina badan munding (gampil atuda, kantun nyiduhan we bangus lentahna, tangtos leupas...), teras eta lentah ku budak angon ditojos kurokrak awi kenging nyeukeutan, teras dipanteng eta badan lentah janten manjangan teras ditancebkeun weh dina tangkal cau. Saparantos sababaraha dinten, badan lentah garing janten sapertos tali tina kulit, liat..., pangangguran eta badan lentah garing teh ku budak angon didamel tali kolotok, dianggo ngolotokkan anak munding. Enjing-enjing teu aya masalah, masalahna saparantos wanci pecat sawed, saba'da ngawuluku disawah, munding-munding dileupaskeun, teras nyaratu jukut sisi sawah, seubeuh nyatu eta munding-munding sok garuyang dipanguyangan, kalebet eta anak munding anu dikolotokkan ku tali badan lentah garing tea. Naaa.. atuh kirang langkung sapanyeupahan, eta anak munding teh ngadadak gugulingan bari engos-engosan, diparios kunu gaduh munding, sihoreng-simana horeng eta anak munding teh kacekek ku tali kolotokkk... Duka teh teuing... ssw *kumincir [EMAIL PROTECTED] Heheheh... saumur dumelah campur gaul jeung nu bareuki kangkung, asa can kungsi ngadenge kajadian model kitu... Lentah moal paeh najan dipasak salila nanahaon oge? ah nu leres bae... Munding oge dipasak mah asak we... heuheu... Tina hiji baranahan jadi loba pisan? kawin jeung saha? piraku jeung cacing keremi mah... . http://cikundul3.multiply.com *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda* *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*

