Mugi2 wae ieu postingan teh ngan saukur "hohoak"...Asa hese dimanah mun aya anu ngalalab kangkung atah...kangkung oseng oge sok nepi ka asak ...lotek kangkung dikulub nepi kahipu...komo kangkung hot plate mah...lentahna langsung janten steak lentah.......
--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Rada ngahuleng oge .... saatos ngilo eta postingan > ..... naha masak gagang kangkung > teu dibeulahan kitu.....?, pan gagang kangkung mah > sabuku-buku siga ruas awi, > timana lebetna eta lentah.....? > Kantos oge nguping waktos alit perkawis "lentah" > teh, namung sanes baranahan, namung ngaageungan. > Cariosna kieu : Kapungkur dikampung kantos nguping > wartos tisepuh-sepuh, yen dikampung anu aya hiji > istri disangki ngandung, namung eta istri anu > ngandung teh siga > jalmi kirang sehat, sepa siga teu aya/kirang > getih, diparios ku paraji, saur paraji nuju > kakandungan sakitu sasih, namung tos kalangkung > waktosna ngalahirkeun, teu ngalahirkeun-ngalahirkeun > wae, tambih-tambih eta anu kakandungan warugana > tambih begung wae, akhirna kukulawargina dicandak > kakota, diparios dirumah sakit. > Sihoreng simana horeng, eta istri sanes > kakandungan, namung dina rahimna aya lentah... > saur dokter eta lentah lebet tina (punten) > larangan eta istri waktos ibak di wahangan, > waktos lebetna mah eta lentah masih keneh alit, > lami-lami janten ngagageungan. > Waktos dikaluarkeun (dioperasi) parantos saageung > beuncing panangan...wallahu alam.. > (ceuk abahna jang Bagja :"pasti lentahna, lentah > jalu....!!) > Anu kadua, ieu oge saur cenah : Aya budak angon > mendakan lentah ngadaplok dina badan munding, > kumargi tos nyedot getih munding, eta lentah tos > ngabadagan, janten saageung > indung suku budak, pangangguran eta lentah kubudak > angon di dileupaskeun tina badan munding (gampil > atuda, kantun nyiduhan we bangus lentahna, tangtos > leupas...), teras > eta lentah ku budak angon ditojos kurokrak awi > kenging nyeukeutan, teras dipanteng > eta badan lentah janten manjangan teras > ditancebkeun weh dina tangkal cau. > Saparantos sababaraha dinten, badan lentah garing > janten sapertos tali tina kulit, liat..., > pangangguran eta badan lentah garing teh ku budak > angon didamel tali kolotok, dianggo ngolotokkan anak > munding. > Enjing-enjing teu aya masalah, masalahna > saparantos wanci pecat sawed, saba'da ngawuluku > disawah, munding-munding dileupaskeun, teras nyaratu > jukut sisi sawah, > seubeuh nyatu eta munding-munding sok garuyang > dipanguyangan, kalebet eta anak munding anu > dikolotokkan ku tali badan lentah garing tea. > Naaa.. atuh kirang langkung sapanyeupahan, eta > anak munding teh ngadadak gugulingan > bari engos-engosan, diparios kunu gaduh munding, > sihoreng-simana horeng eta anak munding teh kacekek > ku tali kolotokkk... > Duka teh teuing... > > ssw > > kumincir [EMAIL PROTECTED] > Heheheh... saumur dumelah campur gaul > jeung nu bareuki kangkung, asa can kungsi ngadenge > kajadian model kitu... > > Lentah moal paeh najan dipasak salila nanahaon oge? > ah nu leres bae... Munding oge dipasak mah asak > we... heuheu... > > Tina hiji baranahan jadi loba pisan? kawin jeung > saha? piraku jeung cacing keremi mah... > > > Recent Activity > > 11 > New Members > > 1 > New Files > > Visit Your Group > SPONSORED LINKS > > Culture change > Corporate culture > Cell culture > Organization culture > Tissue culture > > Yahoo! Photos > Order at Yahoo! > Pick up at Target > > Y! Messenger > Instant hello > Chat over IM with > group members. > > Yahoo! Mail > You're invited! > Try the all-new > Yahoo! Mail Beta > > > > . > > > > > > http://cikundul3.multiply.com > Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda > Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda > ____________________________________________________________________________________ Sucker-punch spam with award-winning protection. Try the free Yahoo! Mail Beta. http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/features_spam.html

