Baruk? emh.. paingan atuh eta sakadang bueuk ampir unggal peuting tikukur.. (?) akibat pergaulan bebas jaman kiwari meureun eta teh..
punten ah.. jadi suudzon.. iwan. On Thursday, February 01, 2007 1:54 PM, waluya56 wrote: Sora manuk naon nu dipikasieun ku urang Sunda? sigana sora manuk sit uncuing. Ceuk cenah sora manuk sit uncuing, mere totonden rek aya nu maot. Sit uncuing disada biasana disada sering pisan, ti subuh keneh tepi ka sore. Sora sit uncuing biasana paling sering kadenge dibulan januari-Februari. Loba nu maot di bulan Januari-Februari? ...ah sanes kitu, ari ceuk beja mah sit uncuing teh manuk migran, lembur musim panasna lain di tatar SUnda, tapi jauh...jauh di kaler, di Siberia atawa di dataran Cina. Ayeuna, di bulan Februari, lembur sit uncuing keur usum tiris (winter), "kaum" sit uncuing ngarungsi ka kidul ka lembur urang ..... Sora manuk naon nu teu dipikaresep ku "kaum" bangsat? di lembur kuring mah sora manuk bebence, manuk peuting nu kuring oge acan nyaho rupana. Sorana lamun teu salah mah : ce ...ce .....ce". Lamun ngadenge sora manuk bebence, kahade ulah sare tibra teuing, sabab eta teh totonden aya bangsat kukulamprengan neangan palingeun. Aya oge sora manuk nu mere totonden meunang wiwirang, nyaeta sora manuk bueuk. Lamun sora manuk bueuk ngelak wae disada, eta teh totonden bakal aya parawan atawa randa ......reuneuh ti heula (reuneuh acan kawin). Baheula di lembur kuring, kajadian nu reuneuh ti heula teh jarang-jarang pisan. Dina aya kajadianana oge, jadi gujrud salelembur, ear sajagat, jadi carita mangtaun-taun, nu teu aya anggeusna, kaasup dongeng soal manuk bueuk ngelak wae disada di pipir imah wanoja nu meunang "wiwirang". Cik aya keneh sora manuk nu mere totonden? Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links

