Muhun Kang, saterusna, lila-lila mah moal aya deui sora bueuk da capeeun
teuing disada unggal peuting, malah nepi ka pabeubeurang oge kudu disada
...hehehe.

manAR


On 2/2/07, Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Baruk?
emh.. paingan atuh eta sakadang bueuk ampir unggal peuting tikukur.. (?)
akibat pergaulan bebas jaman kiwari meureun eta teh..

punten ah.. jadi suudzon..

iwan.

On Thursday, February 01, 2007 1:54 PM, waluya56 wrote:

Sora manuk naon nu dipikasieun ku urang Sunda? sigana sora manuk sit
uncuing. Ceuk cenah sora manuk sit uncuing, mere totonden rek aya nu
maot. Sit uncuing disada biasana disada sering pisan, ti subuh keneh
tepi ka sore. Sora sit uncuing biasana paling sering kadenge dibulan
januari-Februari. Loba nu maot di bulan Januari-Februari? ...ah
sanes kitu, ari ceuk beja mah sit uncuing teh manuk migran, lembur
musim panasna lain di tatar SUnda, tapi jauh...jauh di kaler, di
Siberia atawa di dataran Cina. Ayeuna, di bulan Februari, lembur sit
uncuing keur usum tiris (winter), "kaum" sit uncuing ngarungsi ka
kidul ka lembur urang .....

Sora manuk naon nu teu dipikaresep ku "kaum" bangsat? di lembur
kuring mah sora manuk bebence, manuk peuting nu kuring oge acan
nyaho rupana. Sorana lamun teu salah mah : ce ...ce .....ce". Lamun
ngadenge sora manuk bebence, kahade ulah sare tibra teuing, sabab
eta teh totonden aya bangsat kukulamprengan neangan palingeun.

Aya oge sora manuk nu mere totonden meunang wiwirang, nyaeta sora
manuk bueuk. Lamun sora manuk bueuk ngelak wae disada, eta teh
totonden bakal aya parawan atawa randa ......reuneuh ti heula
(reuneuh acan kawin). Baheula di lembur kuring, kajadian nu reuneuh
ti heula teh jarang-jarang pisan. Dina aya kajadianana oge, jadi
gujrud salelembur, ear sajagat, jadi carita mangtaun-taun, nu teu
aya anggeusna, kaasup dongeng soal manuk bueuk ngelak wae disada di
pipir imah wanoja nu meunang "wiwirang".

Cik aya keneh sora manuk nu mere totonden?

Baktos,
WALUYA

Komunitas Urang Sunda --> 
http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>

Yahoo! Groups Links



Kirim email ke