Lain pedah aya nu ngabahas kunti, teras pipilueun ngacapruk ngeunaan jurig yeuh..
Eta pedah tadi jumaahan, ceuk khotib yen manusa anu mondokeun hirupna sorangan eta teh ngalawan takdir ti Pangeran, da sakuduna mah tacan tangtu harita waktuna manehna paeh teh. Teras ruh/arwah pasti moal daekeun nyicingan awak anu ruksak, nanging kusabab eta sakadang arwah teh teu acan waktosna ngadep ka Mantenna, nya kukurilingan wae cenah ngantosan dipanggil. Aya nu ngadon cicing di tangkal gede, di parapatan (ari jurig parapatan mah urang geus apal, sok ujug-ujug pecenghul we bari niup piriwit), di imah kosong, dina batu gede, jrrd. Tah anu kitu nu disebat marakayangan teh, cenah. Kuring jadi heran, sualna ceuk guru kuring, malah ieu nu salila ieu ku kuring dipercaya & diajarkeun ka barudak kuring teh, yen sadaya anu maot mah teras mulih ka alam barjah (sanes ka kuburan), bade kumaha wae cara maotna, di mana wae maotna. Tah nu disebat jurig marakayangan mah eta teh pagawean jin, da sabageur-bageurna jin mah moal leuwih bageur ti pulisi.. (punten ah, jadi sentimen pribadi)... Balik deui ka khotib tadi, kuring asa ateul hayang nanya, ari teu acan waktuna mah, namina sanes maot, masih aya keneh waktu keur ibadah panginten sanaos dina bentuk arwah oge, kapan jin oge tiasa ibadah, daripada luntang-lantung marakayangan teu pararuguh. Tapi kapan ari jumaahan mah cenah 'faqod lagho', teu kenging cumarios.. dugi ka ayeuna ge rada bimbang naha ari ngawaler salam-na khotib, atanapi nga-amin-keun dua khotib, kalebet lagho atanapi henteu.. da eta ge kalebet nyarios panginten. Tah di dieu kuring seja tumaros, anu leres teh siga kumaha nya? piraku kedah ngalaman heula mah.. mangga ah, tuang heula. biasa, nasi padang, teu ngangge kangkung.. hehe.. :) iwan

