memang kuring oge rada pusing ngeunaan anu disebut takdir teh, takdir teh cenah
mah bisa dilawan lamun urangna aya usaha, ari anu "gandir" nya eta takdir
manehna maot ditihang gantungan da lamun manehna usaha terus bisa ngabereskeun
masalahna tangtuna oge moal aya niat rek Gandir tea.
satuju jeung pamadegan yen jalma anu maot mah moal hirup deui komo aya jurig
marakayangan, siManis jembatan ancol jrrd. anu sok kasebut marakayangan mah
jin, da jin teh cenahmah meunang parentah ti numaha kawasa teh sarua jeung
manusa sina ibadah ka MantenNa, nya jin oge aya nu bangor jeung rada bengal.
nuhun.
Yayan
gek diuk diwarteg di Boplo
bari ngilikan kangkung bisi aya lentahan :)
Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Lain pedah aya nu ngabahas kunti, teras pipilueun ngacapruk ngeunaan
jurig
yeuh..
Eta pedah tadi jumaahan, ceuk khotib yen manusa anu mondokeun hirupna
sorangan eta teh ngalawan takdir ti Pangeran, da sakuduna mah tacan tangtu
harita waktuna manehna paeh teh. Teras ruh/arwah pasti moal daekeun
nyicingan awak anu ruksak, nanging kusabab eta sakadang arwah teh teu acan
waktosna ngadep ka Mantenna, nya kukurilingan wae cenah ngantosan dipanggil.
Aya nu ngadon cicing di tangkal gede, di parapatan (ari jurig parapatan mah
urang geus apal, sok ujug-ujug pecenghul we bari niup piriwit), di imah
kosong, dina batu gede, jrrd. Tah anu kitu nu disebat marakayangan teh,
cenah.
Kuring jadi heran, sualna ceuk guru kuring, malah ieu nu salila ieu ku
kuring dipercaya & diajarkeun ka barudak kuring teh, yen sadaya anu maot mah
teras mulih ka alam barjah (sanes ka kuburan), bade kumaha wae cara maotna,
di mana wae maotna. Tah nu disebat jurig marakayangan mah eta teh pagawean
jin, da sabageur-bageurna jin mah moal leuwih bageur ti pulisi.. (punten ah,
jadi sentimen pribadi)...
Balik deui ka khotib tadi, kuring asa ateul hayang nanya, ari teu acan
waktuna mah, namina sanes maot, masih aya keneh waktu keur ibadah panginten
sanaos dina bentuk arwah oge, kapan jin oge tiasa ibadah, daripada
luntang-lantung marakayangan teu pararuguh. Tapi kapan ari jumaahan mah
cenah 'faqod lagho', teu kenging cumarios.. dugi ka ayeuna ge rada bimbang
naha ari ngawaler salam-na khotib, atanapi nga-amin-keun dua khotib, kalebet
lagho atanapi henteu.. da eta ge kalebet nyarios panginten.
Tah di dieu kuring seja tumaros, anu leres teh siga kumaha nya? piraku kedah
ngalaman heula mah..
mangga ah, tuang heula.
biasa, nasi padang, teu ngangge kangkung.. hehe.. :)
iwan
---------------------------------
Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.
Try the Yahoo! Mail Beta.