Baraya, Mangkukna, aya Kang Andris ti pabukon Kusnet di Kp. Nenggeng, Desa Bojong, kacamatan Pameungpeuk, Garut, nepungan si kuring di kantor. Ieu pabukon anu ku pangurusna diaranan "Nenggeng Pasaka Simpay Katresna Mardiah" teh salah sahiji pabukon apingan YP-Kusnet anu wewengkonna kaasup pangjolokna, nyaeta di basisir kidul Garut.
Maksud Kang Andris nepungan si kuring teh taya sanes, seja makumaha, dumeh dina danget ieu eta pabukon asuhanana geus kakurangan buku-buku. "Sakabeh buku anu aya, kiriman YP-Kusnet ti heula geus garaling balas dibolak-balik dibacaan ku barudak", saurna. "Barudak meh geus baroseneun jeung ngarep-ngarep aya buku anu anyar", pokna deui. Bari masrahkeun proposal, Kang Andris makumaha ka si kuring, pangnepikeun ka YP-Kusnet sangkan pabukonna bisa dikirim deui buku-buku anyar. Bieu, si kuring tatalipungan ka Mj, makumaha sangkan pabukon Kang Andris geura buru-buru dikirim deui buku. Mj nyanggupan rek ngirimkeun sakardus deui mah. Ngan, Mj talatah, bisi aya anggota Kusnet sejen anu rek nyumbang buku, hade lamun eta "sos" ti Kang Andris teh diposting wae ka milist. Nya postingan ieu teh maksudna mah sakumaha talatah Mj. Kukituna, mangga, ka para wargi sadaya anu bade nyumbang keur pobukon di Pameungpeuk ieu, kontak wae Mj kanggo koordinasi. Keur ngirimkeunana mah teu kudu bingung, kang Andris sanggemeun mapagkeunana ka Bandung. Ieu alamat jeung no kontak hp eta pabukon: Pabukon Nenggeng Simpay Katresna Mardiah Kampung Nenggeng RT/RW o2/05 Ds. Bojong, Kec. Pameungpeuk. Kab. Garut 44175 Andris Setiana, Hp: 085223565946: cag. baktos, manAR

