Dina Majalah Cupumanik, Pebruari 2007, aya artikel Uas Sas (Mamat B. 
Sasmita) judulna teh, "Korupsi dina Basa Sunda". Si Ua ngabahas soal kecap 
Korupsi nu teu aya dina Basa Sunda. Dina Basa Sunda aya kecap "BASILAT' nu 
hartina "Neangan kauntungan nu ngarugikeun batur". Naha kecap "basilat" teh 
sami jeung kecap "korupsi"? Ua Sas teu mere kacindekan, ngan ceuk anjeunna 
kecap "basilat" geus jarang pisan digunakeun, teu pati dipikawanoh.  Media 
masa Sunda oge jarang make kecap eta, eleh populer ku kecap korupsi.

Nu kuring jadi nyenghel seuri sorangan mah, eta bagian akhir tulisan si Ua, 
kieu cenah:

"Sigana dumeh kecap korupsi mah asalna tina basa deungeun, nu hartina ngan 
apal dina biwir, teu nyerep kana hate, jadi NGARASA HENTEU SALAH. Beda deui 
lamun disebut maling, maok, sabab maling jeung maok mah kecap nu geus 
kaharti kalawan nyerep kana hate.
Ana kitu, ganti we atuh kecap korupsi teh ku kecap maling. Sugan we korupsi 
jadi ngurangan"

Artikel Ua Sas ieu, sabenerna nunjukkeun hal nu leuwih jero, yen urang Sunda 
(oge urang Indonesia) teu mikawanoh naon disebut kalakuan korupsi teh. Soal 
"teu mikawanoh" kana hiji kecap, kuring jadi inget ka hiji film jeung 
kajadian nu kungsi kasaksian ku kuring sorangan. Kieu yeuh caritana teh:

Nu kantos nonton film "God mus be crazy", tangtos nyakakak, waktu si Xi, 
urang suku primitif di kajeroan Afrika, manah embe nu keur diangon. Si Xi 
ditewak ku pulisi, da dianggap maling embe. Tapi di pangadilan "sang 
penterjemah" bingungeun narjamahkeun kecap "maling" ka Si Xi, sabab basa 
etnik si Xi mah teu aya kecap "maling". Di lembur si Xi saha nu manggihan 
tiheula, nya manehna nu ngala ......terus didahar babarengan.

Eta dina film, dina kanyataanna kuring kungsi  nempo sorangan. Di daerah 
Transmigrasi Pamenang Jambi, para transmigran di kebonna tara melak sampeu 
nu bisa didahar, tapi sampeu racun. Naon sababna? Lokasi Transmigrasi 
Pamenang tadina tempat urang Kubu (suku Anak Dalam). Tah di urang Kubu, teu 
aya istilah "kapimilikan pribadi", nu aya milik sarerea. Jadi waktu ningali 
sampeu, nya ...langsung we dirabut, terus didalahar.  Ari keur Transmigran 
mah  kebonna diranjah. Malah kuring kungsi nyaksian, waktu urang kubu nempo 
buah nangka asak dihareupeunn imah transmigran, ih ...langsung we tangkal 
nangka teh ditaekan, buahna diala, langsung dipurak didinya .....bari 
nawaran kanu bogana.

Tah ayeuna balik deui kana kecap "korupsi" nu teu aya dina kosakata 
basa-basa etnik di Indonesia (lain dina basa Sunda wae). Boa-boa korupsi 
mahabu di urang teh, kulantaran memang urang mah teu terang yen korupsi teh 
salah....lir ibarat urang Kubu nu sok ngarabutan sampeu pelak transmigran?

Baktos,
WALUYA

















Kirim email ke