ih,  meuni terang wae abdi keur manyun..janten isin ah, sabtu ngantor teu  aya 
sahaha...pirajineun ngeusian ieu, leres syukur..teu leres  mah..kumaha abdi we, 
da abdi ieuh nu ngajawab....
  
  mangga.....narima kritikan...hihihi...
  
  
  1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara ---> toge (komo 
mun dijieun toge goren mah..nyam nyam glek!)
  2. Hayam naon anu sukuna sarebu?-----------------> hayam nu miluan upacara 
bandera...mun teu lepat mah, aya 500 ekor tah,cik urang etang deui bilih lepat!
  3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?-------------> 
upil.......kotoran hidung...idiiiiiih........jorok nya!
  4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? --> ban na bunder (mun ban 
na kotak mah sigana lain nundutan tapi benjolan..:D )
  5. Sato naon anu teu bisaeun mundur? ---> hayam nu ditukangna aya tembok 
(kunaon hayam? nya kumaha urang da satona ge nu urang...)
  6. Bangku naon anu bisa didahar?---> " Bang...kupat tahu na hiji, sing lada 
nya..!hihihi..meuni maksa
  7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar,
  sakali nyebut!---------> Rujak ! komo mun cengekna 10 mah....seuhah....
  8. Batu naon anu teu aya di cai? --> batu raden, ayana di...ke heula, hilap 
deui, dimana nya?
  9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?---> oray kasur meureun , heu 
heuy...naon tah..teuing ah,poek!
  10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?----> kang ndoell mun tos 
aki-aki, ngangge iteuk jeung kacapanon.(punten yeuuh,kaaang...)
  11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet.-----> ieu mah abdi teu 
terang..sumpah....da abdi sanes monyet :p
  12. Hayam naon anu sukuna hiji?----> hayam nu keur goyang kawas Uut 
Permatasari "saaya si putri,si putri sinden panggung..syalalala"
  13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.-----------> mun teu lepat 
mah kareta api...sok,tanyakeun we ka barudak alit
  14. Gajah tumpak beca, gede naonna? -----> gede bohongna atuuuh
  15. Baso dibalikkeun jadi naon?------------> jadi bahe ! kunaon atuh make 
dibalikkeun? gantian ah!
  16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.-----> lauk teri make helm, 
helmna nu kawas dianggo ku pembalap,huehehe
  17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?---> anak urang ge terang atuh.....sarena 
peureum! teuing mun nini2na bangor, ceuk baheula mah mun sarena melek,tandana 
bangor!
  18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?---->piring terbang....(UFO mun 
ceuk basa ilmiahna mah,,,teuing kawas kumaha..)
  19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?----> manuk 
katincak ku Kang Boim...pejet tah...hihihihi..
  20. Naon sababna ban mobil tina karet?------> sabab mun dijieun tina tarigu 
namina sanes ban tapi roti!
  21. Sapi naon anu bau?---->sapidah nu ban na keuna kotoran ucing....
  22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ?----------> Piring..atan 17 
Agustus lah..kumaha sih?!? (Gia garo2 teu ateul)
  24. Pribumi di luar ari semah di jero.-----------> jalmi numpak becak....
  26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun.-------> nyieun bakakak 
hayam,diasupkeun kana microwave !
  28. Hayamna bodas, naonna anu hideung?bungkeleukanana.....naon sih? tah, 
urang mah lieur ngajawab...
  29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?-----------> buah........Da..ops, 
teuing ah,naon nya?
  30. Jam naon anu bisa nembang?--------->jam.....jaman ayeuna mah nu ngetop 
teh Nidji, Samsons,Peterpan,jrrd
  31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?-----------> cangkang cau na 
nyesa pabalatak...
  32. Pare naon anu teu ngeunah?----------> Parearea omong lah..sanes 
kitu?mending damey we nya..Pissss..
  33. Jalma meuli kasur keur naon?-------------> keur boga duit, mun keur 
tongpes mah cicing we diimah..!
  34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?-----------> kutu, cing 
pada ngaku lah..saha nu kutuan???
  36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok?---> sabab mun nakolan sirah pa Haji 
engke dibaledog....
  39. Petina hiji, mayitna loba.---> mun ceuk barudak mah...korek api..sanes 
kitu,baraya?
  40. Kaca naon anu nyeri?kaca peupes teras katincak.....hiks......
  41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap?------> sabab sanes keur balapan 
lari 100M...
  42. Kaca naon anu seungit?---------> kaca..piring
  43. Kaca naon anu pangbeuratna?---------------> kaca nu dipake ngaca ku 
raksasa, didamelna tina kai jati..hahaha
  44. Hayam naon anu keur jengke?-----------> hayam nu ngaliwat ka lantey nu 
basah keneh nembe di pel..hihihi
  46. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui?-----> nya 
10 keneh, nu hiji bitu, nu kempes 3, nu 6 deui teu acan ditiup..
  48. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul?-------> sabab rea 
teuing mikir, kumaha carana mendahului ban depaan....
  50. Kaca naon anu sok disada?--------> kaca...pi suling, komo mun didangukeun 
tengah peuting..keur jemplang jempling...
  51. Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din------> Pa Hadji Syamsoe Din
  52. Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok?---------> sapi 
derman........(ayeuna aya nu katilu nya? teu acan nongton euy..)
  53. Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok?----------> hayam kabeurangan 
! wakakakaka..atawa hayam nu wengina osok ka dugem, sami, kabeurangan keneh...
  57. Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal ti
  titinggi, naon sababna?----------> bingung rek ngado naon, (da bade masihan 
acuk teu aya nu cekap......)
  59. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan?----------------> tukang 
copet, urang terang soteh sanes pangalaman pribados nya!
  61. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud.---------------------> obat 
nyamuk lah......
  62. Sukuna hiji, panonna tilu.--------------------> lampu lalulintas........
  63. Ka handap muka ka luhur nutup.---------->resluiting calana...hihihi.....
  65. Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha?--------> nya 10 keneh, da 
nu ditembak aya keneh didinya.....
  66. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya?-----------> kutu nu hirupna di 
sirah kutu nu aya di bulu ucing..
  67. Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek,
  jeung anjing edan rek nyokot tulang. Pangheulana anjing mana?--------> nya 
anjing edan atuh..kunaon? edaaaaaan,urang teu nyaho ah!
  68. Kapal naon anu teu bisa ngapung?-------------> kapal laut
  69. Hideung, leutik, bahaya.---------------> semut mamawa bazoka sareng 
granat.........(nyambung teu?)
  70. Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing?-----------> tingali 
wae, mun aya kutuan, tah eta sirahna!
  71. Naha superman bajuna make hurup "S"?------------> sabab mun make nu "XL" 
mah logor teuing...!!!!
  74. Tangkal naon anu sok dipikasieun?-----------> tangkal caringin nu sakedap 
deui tumbang...
  75. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon?neangan kuku.....rek 
diical ka tukang jajamu....
  76. Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina
  beuteung-------------> hayam nu tos dituang ku Ambu Bagja..
  77. Sapedah naon anu bisa ngapung?-----------> sapedah nu bogana ET...pan ET 
uihna nganggo sapedah nya?
  78. lauk naon anu bisa hiber?---------------> lauk nu di tuang ku manuk nu 
keur hiber
  79. Kuda naon anu teu bisa lumpat?--------------> kuda....ki gunung 
tertinggi, cape atuh mun lumpat mah..!
  81. Minyak naon anu rame?--------------> minyak..sikan pertandingan PERSIB di 
Stadion SIliwangi....:p
  82. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon?------> sanes nginum avtur 
nya? huehehehehe....
  83. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema?-----------> hayam leungit, teu 
aya dikandangna!
  84. Naon bedana onta jeung kangkung?---------> Onta mah di Arab, ari kangkung 
mah di Urap!
  85. Tukang naon anu teu bisa ngitung?--------> tukang teuing, janten teu 
katingali angkana (maksaaaa...)
  86. Kalong naon anu pinter maen bal?------------> eta..santri kalong nu aya 
di mangle...hihihi.....
  87. Bisa naek teu bisa turun.---------------------> harga2 sembako tah, 
sareng BBM...ckckckck.....
  89. Gajah naon anu sukuna dua?-------------> gajah nu keur tepuk tangan
  90. Hurup naon anu ngeunah?-------> pastina ge huruf "S", aya S teler, S 
campur, S goyobod.....hiiiiii
  91. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna?---> 
sabab sieun acukna kabakar, da teu aya cadangan deui, nu lain keur diseseuh..
  93. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah?------------> Setan...dar
  94. Sato naon anu pangharam-haramna?------------> babi nu diasakannana 
nganggo arak putih,nuangna bari judi jeung nginum2an 
keras....ckckckck...Astagfirullah...:)
  95. Hayam naon anu sukuna 1002?---------> ah, da kabeh suku hayam mah sarebu 
kenging 2 da...sok we taroskeun ka Gedebage
  96. Rancung lain landak, hejo lain tentara.-------------> 
duren..duren.....duren jatohan.....nyam..nyam....
  97. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani-----> eta..naon teh, 
orang2an sawah kitu?
  98. Kasur naon anu matak nyeri?--------> kasur..empet motor atawa 
mobil......bisa2 dibawa ka imah gering alias Rumah Sakit....(wakakaka,imah 
gering......:-j )
  99. Palu naon anu bisa pidato?---------> pa lurah 
  101. Asup tarik kaluar laun.-------------------> Kang Boim nuju 
Influenza,,hiiii.......nyandak Tissue teu,kang?
  105. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum.--------------> nyelup acuk 
nganggo wantex..aya keneh kitu ayeuna??
  111. Diudag lumpat didagoan cicing.------------> barudak maen ucing lumpat, 
huehehehehe......
  
  


Lygia Nostalina,SH
Operational Manager
Pacific Data network
Komplek Bumi Panyileukan
Blok D4 no 3 Bandung 40614
telp. 08179265770
kantor. 022-7835099 - 7810017
 
---------------------------------
The fish are biting.
 Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.

Kirim email ke