Aseli jago pisan si teteh, sigana mah kalebet senior di widang tatarucingan.. di widang kutu oge dugi ka apal.. pangalaman kitu?? hehe.. heureuy ah.. ngiring nambihan.. 11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet.-----> tos ditaroskeun ka monyet, teu terang cenah.. duka upami lutung, teu acan pendak. 26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun.-------> upami teu lepat mah, kaca soca, kaca panon. 28. Hayamna bodas, naonna anu hideung? nu hideung mah abdi juragan... tapi manis.. 31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna? tinggal turun panginten, pami tos wareg amengan. 40. Kaca naon anu nyeri? kacabut bulu bitis.. angot bulu indung suku mah. 41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap? lamun nangtung bilih kagancangan, geubis, ngarayap oge tos express + sering tiguling kitu.. 42. Kaca naon anu seungit? eu.. kaca-bak kelek kuring.. nyaan da seungit.. 43. Kaca naon anu pangbeuratna? kaca-matan 44. Hayam naon anu keur jengke? hayam nonton layar tancep, pangtukangna. 57. Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal ti titinggi, naon sababna? keur sibuk make sapatu.. 65. Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? tergantung, manuk nu saha.. 66. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya? cacing. coba bayangkeung lamun beuteung sakadang kuman cacingan.. 67. Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek, jeung anjing edan rek nyokot tulang. Pangheulana anjing mana?--------> nya anjing edan atuh..kunaon? edaaaaaan,urang teu nyaho ah! leres, da anjing edan nu panghareupna. barina oge ngan anjing edan nu rek nyokot tulang mah 69. Hideung, leutik, bahaya. karang (tai lalat), dina irung, kagungan komandan Pol-PP, cobian geura toel.. 82. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? ieu keur ngopi jeung kuring ayeuna. kopi lampung, sedap. 85. Tukang naon anu teu bisa ngitung? tukang poto, geura taros 3x4 sabaraha 86. Kalong naon anu pinter maen bal? kalonggak ronaldinho, nya meureun adjat sudrajat.. (kamana nya ayeuna?) 91. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? ah, piraku? teu acan nongton "Supeman Returns"? 94. Sato naon anu pangharam-haramna? anak babi hasil selingkuh jeung anjing jalu nu geus boga pamajikan ka bagong. ih! 105. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum. pun uyut nuju ngalemar, nyeupah, nyirih. 111. Diudag lumpat didagoan cicing. kalangkang meureun nya.. On Saturday, February 10, 2007 2:09 PM , dudi mulyadi wrote:
Hebat euy.., Lamun ujian mah nileyna kenging A. IPKna 3.99 No 9 : Oray naon nu teu tiasa ngaleor waleranana oray nu tos ngaleleg linggis mun teu lepat mah Lygia Nostalina <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ih, meuni terang wae abdi keur manyun..janten isin ah, sabtu ngantor teu aya sahaha...pirajineun ngeusian ieu, leres syukur..teu leres mah..kumaha abdi we, da abdi ieuh nu ngajawab.... mangga.....narima kritikan...hihihi... 1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara ---> toge (komo mun dijieun toge goren mah..nyam nyam glek!) 2. Hayam naon anu sukuna sarebu?-----------------> hayam nu miluan upacara bandera...mun teu lepat mah, aya 500 ekor tah,cik urang etang deui bilih lepat! 3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?-------------> upil.......kotoran hidung...idiiiiiih........jorok nya! 4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? --> ban na bunder (mun ban na kotak mah sigana lain nundutan tapi benjolan..:D ) 5. Sato naon anu teu bisaeun mundur? ---> hayam nu ditukangna aya tembok (kunaon hayam? nya kumaha urang da satona ge nu urang...) 6. Bangku naon anu bisa didahar?---> " Bang...kupat tahu na hiji, sing lada nya..!hihihi..meuni maksa 7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut!---------> Rujak ! komo mun cengekna 10 mah....seuhah.... 8. Batu naon anu teu aya di cai? --> batu raden, ayana di...ke heula, hilap deui, dimana nya? 9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?---> oray kasur meureun , heu heuy...naon tah..teuing ah,poek! 10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?----> kang ndoell mun tos aki-aki, ngangge iteuk jeung kacapanon.(punten yeuuh,kaaang...) 11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet.-----> ieu mah abdi teu terang..sumpah....da abdi sanes monyet :p 12. Hayam naon anu sukuna hiji?----> hayam nu keur goyang kawas Uut Permatasari "saaya si putri,si putri sinden panggung..syalalala" 13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.-----------> mun teu lepat mah kareta api...sok,tanyakeun we ka barudak alit 14. Gajah tumpak beca, gede naonna? -----> gede bohongna atuuuh 15. Baso dibalikkeun jadi naon?------------> jadi bahe ! kunaon atuh make dibalikkeun? gantian ah! 16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.-----> lauk teri make helm, helmna nu kawas dianggo ku pembalap,huehehe 17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?---> anak urang ge terang atuh.....sarena peureum! teuing mun nini2na bangor, ceuk baheula mah mun sarena melek,tandana bangor! 18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?---->piring terbang....(UFO mun ceuk basa ilmiahna mah,,,teuing kawas kumaha..) 19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?----> manuk katincak ku Kang Boim...pejet tah...hihihihi.. 20. Naon sababna ban mobil tina karet?------> sabab mun dijieun tina tarigu namina sanes ban tapi roti! 21. Sapi naon anu bau?---->sapidah nu ban na keuna kotoran ucing.... 22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ?----------> Piring..atan 17 Agustus lah..kumaha sih?!? (Gia garo2 teu ateul) 24. Pribumi di luar ari semah di jero.-----------> jalmi numpak becak.... 26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun.-------> nyieun bakakak hayam,diasupkeun kana microwave ! 28. Hayamna bodas, naonna anu hideung?bungkeleukanana.....naon sih? tah, urang mah lieur ngajawab... 29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?-----------> buah........Da..ops, teuing ah,naon nya? 30. Jam naon anu bisa nembang?--------->jam.....jaman ayeuna mah nu ngetop teh Nidji, Samsons,Peterpan,jrrd 31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?-----------> cangkang cau na nyesa pabalatak... 32. Pare naon anu teu ngeunah?----------> Parearea omong lah..sanes kitu?mending damey we nya..Pissss.. 33. Jalma meuli kasur keur naon?-------------> keur boga duit, mun keur tongpes mah cicing we diimah..! 34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?-----------> kutu, cing pada ngaku lah..saha nu kutuan??? 36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok?---> sabab mun nakolan sirah pa Haji engke dibaledog.... 39. Petina hiji, mayitna loba.---> mun ceuk barudak mah...korek api..sanes kitu,baraya? 40. Kaca naon anu nyeri?kaca peupes teras katincak.....hiks...... 41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap?------> sabab sanes keur balapan lari 100M... 42. Kaca naon anu seungit?---------> kaca..piring 43. Kaca naon anu pangbeuratna?---------------> kaca nu dipake ngaca ku raksasa, didamelna tina kai jati..hahaha 44. Hayam naon anu keur jengke?-----------> hayam nu ngaliwat ka lantey nu basah keneh nembe di pel..hihihi 46. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui?-----> nya 10 keneh, nu hiji bitu, nu kempes 3, nu 6 deui teu acan ditiup.. 48. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul?-------> sabab rea teuing mikir, kumaha carana mendahului ban depaan.... 50. Kaca naon anu sok disada?--------> kaca...pi suling, komo mun didangukeun tengah peuting..keur jemplang jempling... 51. Cing pangmacakeun: Pa Ha 2 3 4 din------> Pa Hadji Syamsoe Din 52. Sapi naon anu bisa ngarayap dina tembok?---------> sapi derman........(ayeuna aya nu katilu nya? teu acan nongton euy..) 53. Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok?----------> hayam kabeurangan ! wakakakaka..atawa hayam nu wengina osok ka dugem, sami, kabeurangan keneh... 57. Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal ti titinggi, naon sababna?----------> bingung rek ngado naon, (da bade masihan acuk teu aya nu cekap......) 59. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan?----------------> tukang copet, urang terang soteh sanes pangalaman pribados nya! 61. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud.---------------------> obat nyamuk lah...... 62. Sukuna hiji, panonna tilu.--------------------> lampu lalulintas........ 63. Ka handap muka ka luhur nutup.---------->resluiting calana...hihihi..... 65. Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha?--------> nya 10 keneh, da nu ditembak aya keneh didinya..... 66. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya?-----------> kutu nu hirupna di sirah kutu nu aya di bulu ucing.. 67. Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek, jeung anjing edan rek nyokot tulang. Pangheulana anjing mana?--------> nya anjing edan atuh..kunaon? edaaaaaan,urang teu nyaho ah! 68. Kapal naon anu teu bisa ngapung?-------------> kapal laut 69. Hideung, leutik, bahaya.---------------> semut mamawa bazoka sareng granat.........(nyambung teu?) 70. Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing?-----------> tingali wae, mun aya kutuan, tah eta sirahna! 71. Naha superman bajuna make hurup "S"?------------> sabab mun make nu "XL" mah logor teuing...!!!! 74. Tangkal naon anu sok dipikasieun?-----------> tangkal caringin nu sakedap deui tumbang... 75. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon?neangan kuku.....rek diical ka tukang jajamu.... 76. Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina beuteung-------------> hayam nu tos dituang ku Ambu Bagja.. 77. Sapedah naon anu bisa ngapung?-----------> sapedah nu bogana ET...pan ET uihna nganggo sapedah nya? 78. lauk naon anu bisa hiber?---------------> lauk nu di tuang ku manuk nu keur hiber 79. Kuda naon anu teu bisa lumpat?--------------> kuda....ki gunung tertinggi, cape atuh mun lumpat mah..! 81. Minyak naon anu rame?--------------> minyak..sikan pertandingan PERSIB di Stadion SIliwangi....:p 82. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon?------> sanes nginum avtur nya? huehehehehe.... 83. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema?-----------> hayam leungit, teu aya dikandangna! 84. Naon bedana onta jeung kangkung?---------> Onta mah di Arab, ari kangkung mah di Urap! 85. Tukang naon anu teu bisa ngitung?--------> tukang teuing, janten teu katingali angkana (maksaaaa...) 86. Kalong naon anu pinter maen bal?------------> eta..santri kalong nu aya di mangle...hihihi..... 87. Bisa naek teu bisa turun.---------------------> harga2 sembako tah, sareng BBM...ckckckck..... 89. Gajah naon anu sukuna dua?-------------> gajah nu keur tepuk tangan 90. Hurup naon anu ngeunah?-------> pastina ge huruf "S", aya S teler, S campur, S goyobod.....hiiiiii 91. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna?---> sabab sieun acukna kabakar, da teu aya cadangan deui, nu lain keur diseseuh.. 93. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah?------------> Setan...dar 94. Sato naon anu pangharam-haramna?------------> babi nu diasakannana nganggo arak putih,nuangna bari judi jeung nginum2an keras....ckckckck...Astagfirullah...:) 95. Hayam naon anu sukuna 1002?---------> ah, da kabeh suku hayam mah sarebu kenging 2 da...sok we taroskeun ka Gedebage 96. Rancung lain landak, hejo lain tentara.-------------> duren..duren.....duren jatohan.....nyam..nyam.... 97. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani-----> eta..naon teh, orang2an sawah kitu? 98. Kasur naon anu matak nyeri?--------> kasur..empet motor atawa mobil......bisa2 dibawa ka imah gering alias Rumah Sakit....(wakakaka,imah gering......:-j ) 99. Palu naon anu bisa pidato?---------> pa lurah 101. Asup tarik kaluar laun.-------------------> Kang Boim nuju Influenza,,hiiii.......nyandak Tissue teu,kang? 105. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum.--------------> nyelup acuk nganggo wantex..aya keneh kitu ayeuna?? 111. Diudag lumpat didagoan cicing.------------> barudak maen ucing lumpat, huehehehehe...... Lygia Nostalina,SH Operational Manager Pacific Data network Komplek Bumi Panyileukan Blok D4 no 3 Bandung 40614 telp. 08179265770 kantor. 022-7835099 - 7810017 _____ The fish are biting. Get <http://us.rd.yahoo.com/evt=49679/*http://searchmarketing.yahoo.com/arp/ sponsoredsearch_v2.php?o=US2140&cmp=Yahoo&ctv=Q107Tagline&s=Y&s2=EM&b=50 > more visitors on your site using Yahoo! <http://us.rd.yahoo.com/evt=49679/*http://searchmarketing.yahoo.com/arp/ sponsoredsearch_v2.php?o=US2140&cmp=Yahoo&ctv=Q107Tagline&s=Y&s2=EM&b=50 > Search Marketing. _____ The fish are biting. Get <http://us.rd.yahoo.com/evt=49679/*http://searchmarketing.yahoo.com/arp/ sponsoredsearch_v2.php?o=US2140&cmp=Yahoo&ctv=Q107Tagline&s=Y&s2=EM&b=50 > more visitors on your site using Yahoo! <http://us.rd.yahoo.com/evt=49679/*http://searchmarketing.yahoo.com/arp/ sponsoredsearch_v2.php?o=US2140&cmp=Yahoo&ctv=Q107Tagline&s=Y&s2=EM&b=50 > Search Marketing.

