Wilujeng kasadayana rengrengan majalah balebat mugia sing majeng.
Leres kang oman eta iklan abdi anu bajigur, bandrek he he...

Baktos
ERN

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Para wargi sadaya,
> 
> Ti tadi peuting aya Kang Runa nepungan, nya ditarima wae di kantor,
> kabeneran keur lembur. Ngahaja nepungan, saurna, bade maparin 
majalah
> Sunda anyar, bari kusiwel ngaluarkeun majalahna tina tasna. Leuh 
enya
> wae, sakumaha kl 2 minggu katukang inyana ngiberan yen sakeudeung 
deui
> baris medal majalah Sunda yasana warga Kusnet di Jakarta - Bogor,
> majalah "Balebat" aranna.
> 
> Majalah Balebat teh yasana dulur urang, Kusnet, anu dumuk di Bogor
> jeung sabudeureunana. Diantawisna, rengrengan anu ngurusna, 
sakumaha
> dina kaca kahiji eta majalah nyaeta Kang/Teh: Hendra M. Asatari
> (pupuhu redaksi), Inotji Hayatulloh (panasehat), Hendra M. Astari,
> Yayan Mulyana, Dudi Herlianto, Hadee Darajat (dewan redaksi), Bagus
> Priatna (kontributor seratan). Dina edisi no 1 tahun kahiji ieu 
malah
> Kang Kumi (Iskandar Adnan) nyumbangkeun seratan anu 
judulna: "Kusnet:
> Ngamekakeun Basa Sunda di Alam Maya". Hiji seratan sae anu 
dijungjung
> jadi bentangna artikel Balebat No 1 Tahun I, 2007.
> 
> Balebat dipedalkeun ku "Pedepokan Riksa Sunda" anu alamatna di Jl 
Raya
> Leuwi Liang KM 14, No. 26-27 Ciampea, Bogor 16620 kalawan tlpn-na:
> 0251-420840, kontak Hp no: 0818-711-396, surelek:
> [EMAIL PROTECTED] Anu ngarojong salaku supporter pedalan kahiji
> ieu diantarana: "Hanjuang Bandrek dan Bajigur" (sigana nu Kang Eko
> yeuh), Bogor Nirwana Residence, Padepokan Giri Sundapura, RPC 95,3 
FM
> 846 Radio Pertanian Ciawi, Image, RMI, Yayasan Budaya Hanjuang 
Bodas,
> sareng Himpunan Mahasiswa Tasikmalaya (Himalaya).
> 
> Baraya,
> 
> Hanjuang dipedalkeun dina format model Intisari, ngan leuwih ipis.
> Dicitak dina kertas lumayan teu rumeuk teuing, kalawan gedena huruf
> sedeng. Anapon formula eusi Balebat nyaeta ti kaca munggaran nepi 
ka
> panungtung (dina kurung: eusi dina edisi I no 1 2007): Lawang
> Saketeng, Carita Nyambung ("Si Ema Jeung Bi Yayah"), Mata Holang
> ("Jati Kasilih ku Junti"), Motekar ("Kang Eko, Webmaster Ramatloka
> Kusnet"), Panyawang ("Tanjakan Empang"), Napak Tilas ("Awal Ayana
> Kecap Sunda", tarjamaha tina seratan Prof. Dr. Ayat Rohaedi), 
Carita
> Pondok ("Kanceuh" jeung "Bulan Mabra di Madinah"), Paribasa, 
Angkulung
> Gubrag, Sabilulungan, Ubar Lembur ("Diabetes"), Pelesiran ("Curug
> Putri), Kabuyutan ("Aya Taman Sri Baginda di Pasir Eurih"--wah 
mantab
> eung aya rubrik "kabuyutan", wilujeng), Sisindiran, Bale Paniisan
> ("Cinta Abubakar ka Mustapa"), Ceuleukeuteuk (pasti model 4S), 
jeung
> Cahaya Syiar.
> 
> ---
> Rupina sakitu wae heula minangka reportase amatiran kana karya 
media
> citak Sunda anu nembe medal. Kalayan penggero kasing saha bae warga
> Kusnet anu aya waktos nyerat, mangg diantos sumbang seratna kanggo
> "Balebat" (sakumaha talatah ti Kang Runa). Panutup: Wilujeng ka
> dulur-dulur Kusnet anu aya di Bogor-Jakarta, anu tos ngalengkah 
dina
> usaha ngeuyeuban bahan bacaan populer dina basa Sunda. Hatur nuhun 
ka
> Kang Runa anu tos haat nganteurkeun eta majalah langsung ku 
jinisna.
> 
> baktos,
> manAR
>


Kirim email ke