bagea teh Pupung. abdi ge urang ciamis-hanjakal teu sakola ka IKIP, jadi we hese mulang. heuheu. mun sakola teh ka IKIP, tiasa ngawulang meureun di SMA atawa SMP di lembur. balik ti sakola ngurek.
muhun kang Deny Suwarja eta. ayeuna mah urang Garut. kamari anjeuna janten sohibul bet basa kusnet halal bi halal. baktos mj http://geocities.com/mangjamal > > Assalamu'alaikum Wr.Wb > > Nepangkeun, abdi nembe lebet ka ieu millist- kawitna mah mung hoyong > noongan wargi-wargi anu balakecrakan ngalobrol ku basa Sunda, kumargi > kabandang ku jenengan kang Deny Suwarja.... (kapungkur waktos abdi > kuliah di IKIP FPMIPA-Biologi angkatan lebet '86, gaduh rerencangan anu > jenengannana Deny Suwarja/pinter kanu bahasa Inggris, kapungkur bumina > di Batujajar, dupi ieu teh leres kitu Deny Suwarja anu eta??). > > Tos ampir 9 taun abdi ngumbara di lembur batur/Jepang, Upami kawit mah > ti Bandung, pun Bapa (Alm) asli Ciamis, pun biang asli Garut.... > Disuhunkeun kajembaran manah wargi-wargi sadaya supados abdi ditampi > ngiringan ilubiung ngamumule basa Sunda..... > > Haturnuhun kana perhatosan sadayana....... > > -Pupung Permatasari- > >

