Pareumeun obor hartina putus atanapi pegat silaturahmi/ tali persaudaraan. Naha bet nganggo istilah "Pareumeun obor"??? naha pedah kapungkur mah upami nganjang teh ngangge obor kitu :P ?? nanging, upami ditengetan, jero oge geuningan makna tina "Pareumen obor" teh. Jiga na mah Urang Sunda nganggap Tali silaturahmi teh ibarat obor anu nyaangan kahirupan urang di alam dunya. Tanpa silaturahmi atanapi cindekna mah teu gaul, teu boga batur,pasti kacida poekna hirup urang teh. Mun aya kasusah, ka saha deui nyuhunkeun tulung iwal ka sobat atanapi wargi ,Mun aya kasedih sok rajeun curhat teh pan ka sobat, oge cenah mun urang hoyong enggal gaduh damel kedah seueur Koneksi anu tangtu diawalan ku sering gaul atanapi silaturahmi. malah mah aya papagah, banyak silaturahmi teh banyak rezeki.
Tah penting pisan geuning silaturahmi teh...sok atuh urang pariksa obor2 anu pareum,teras urang seungeut deui, anu masih hurung keneh nya diriksa sangkan teu pareum. Langkung sae mah urang tambihan obor2na sangkan hirup urang teh Langkung Caang :) ____________________________________________________________________________________ No need to miss a message. Get email on-the-go with Yahoo! Mail for Mobile. Get started. http://mobile.yahoo.com/mail

