Pareumeun obor teh hartina poek. ari poek tea sok susur sasar, geus kitu mah sagala dicabak, sagala ditincak. kunaon make istilah pareumeun obor ? soalna, mun jaman baheula geus aya PLN, istilahna ge pasti Pareumeun Listrik..
meureun eta ge... heu heu -dul- tukangteuing --- In [email protected], netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Pareumeun obor hartina putus atanapi pegat > silaturahmi/ tali persaudaraan. > Naha bet nganggo istilah "Pareumeun obor"??? > naha pedah kapungkur mah upami nganjang teh ngangge > obor kitu :P ?? > nanging, upami ditengetan, jero oge geuningan makna > tina "Pareumen obor" teh. > Jiga na mah Urang Sunda nganggap Tali silaturahmi teh > ibarat obor anu nyaangan kahirupan urang di alam > dunya. Tanpa silaturahmi atanapi cindekna mah teu > gaul, teu boga batur,pasti kacida poekna hirup urang > teh. > Mun aya kasusah, ka saha deui nyuhunkeun tulung iwal > ka sobat atanapi wargi ,Mun aya kasedih sok rajeun > curhat teh pan ka sobat, oge cenah mun urang hoyong > enggal gaduh damel kedah seueur Koneksi anu tangtu > diawalan ku sering gaul atanapi silaturahmi. > malah mah aya papagah, banyak silaturahmi teh banyak > rezeki. > > Tah penting pisan geuning silaturahmi teh...sok atuh > urang pariksa obor2 anu pareum,teras urang seungeut > deui, anu masih hurung keneh nya diriksa sangkan teu > pareum. Langkung sae mah urang tambihan obor2na > sangkan hirup urang teh Langkung Caang :) > > > > > > > > > _____________________________________________________________________ _______________ > No need to miss a message. Get email on-the-go > with Yahoo! Mail for Mobile. Get started. > http://mobile.yahoo.com/mail >

