sarua nya mang, teu ngaruh! rek pondok rek panjang. ngan geuning si ema
urang sukabumi payu pisan (cenah).. haha, jigana mah lain wae jeung nyieun
budak tah.

baraya..kuring mah maca postingan sorangan nu di handap asa lieur, teu
paruguh. aya nu salah deuih, dibenerkeun kunu kandel.
,,
padalisan (baris) kahiji sarua ditungtungan ku sora 'o', sedeng padalisan
kadua sora tungtungna 'a'. tah dua padalisan ieu mah cenah has pisan purwakanti
sajak sunda. nu murwakanti aya dina padalisan nu sarua. purwakanti sarupa
kieu loba pisan dina pantun (cenah). sedengkeun lamun dina sajak-sajak nu
aya pangaruh ti luar, purwakanti leuwih nyoko ka sora tungtung padalisan nu
beda.
,,

hapunten nun,
dh


On 2/12/07, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  pondok nyogok
panjang nyugak

atawa

pondok jadi orok
panjang jadi budak


On 2/12/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
>
>   rek nyanyahoanan kang, sugan bener. sakanyaho we nya? haha
> murwakanti.. asal tina dua kecap, purwa nu hartina tungtung, kanti nu
> hartina sora. murwakanti hartina tungtung sorana sarua.
>
> pondok nyogok
> panjang nyugak
>
> padalisan (baris) kahiji sarua ditungtungan ku sora 'o', sedeng
> padalisan kadua sora tungtungna 'a'. tah dua padalisan ieu mah cenah has
> pisan murwakanti sajak sunda. sabab nu murwakanti aya dina pada nu sarua.
> purwakanti sarupa kieu loba pisan dina pantun (cenah). sedengkeun lamun dina
> sajak-sajak nu aya pangaruh ti luar, purwakanti leuwih nyoko ka sora
> tungtung padalisan nu sarua.
>
> sugan,
> dh
>
> On 2/12/07, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >    Bade tumaros, manawi aya para wargi anu lenggah manah masihan
> > piwuruk ka sim kuring anu nuju di ajar basa sunda.
> >
> > <patarosan>
> > Anu disebat murwakanti teh anu kumaha..?
> > Nu kieu kitu..
> > Sok aya tah dina panutupan pidato teh di pungkas ku kalimah ieu..
> >
> > Hapunten nya simkuring, sok bilih aya carionsan sim kuring "anu pondok
> > matak nyogok, anu panjang matak matak nyugak"
> >
> > Naha.. ari celengkeung teh aya hadirin aya anu ngagorowok, "Kacugak ku
> > naon atuh kang....?"
> > Kapaksa we ku sim kuring teh diwaler, "eta..jang, akang teh kacugak ku
> > gantar".
> > Ger... atuh hadirin teh pada gumujeng, aya anu ngaledek..aya anu
> > meureun dina hatenateh..waah lucu euy..
> >
> > Janten naon atuh ari murwakanti teh, naha sah dina bahasa sunda
> > ngaruntuy kecap supados raos di dangu nangin ngarobah hartosna..?
> > Eta teh kalebet kana seni kitu...?
> >
> > Hatur nuhu..
> > Yudi
> >
> >
> > ,___
> >
>
>
>
> --
> ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
>
>



--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

Kirim email ke