He....he....

rame geuningan? hi...hi...

Abdi mah mangga nyanggakeun sadaya2 ka para saderek, rumaos teu tiasa
ngabantos, kapungkur kantos di toel ku Kang Deny kanggo ngabantos proses
migrasi data, saur abdi teh punten pisan teu tiasa ngabntos jalaran koneksi
internetna oge duh mani watir. Katambih2 ayeuna mah nuju seueur ku padamelan
anu sanesna anu lumayan matak nyeepkeun emutan.

Nya intina mah urang silih hargaan we...atuh pami kakang Prabu bade
ngabantosan, mangga kantun nalipun kang deny, he....he...Kade we Nyi Ratuna
oge ajakan, hi....hi...

Salam baktosna we nya Kakang Prabu oge Kang Deny kanggo kulawargi.

Baktos,
Runa Inawan - Bogor


On 2/14/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Wa'alaikumsalaam w. w.

Kang Agus, kuring mah bet jadi bingung nyanghareupan tulisan anjeun ieu
teh, euy. Judulna wae geus kitu... Nanaonan ieu teh?

Kela... kudu dimimitian ti mana nya ieu teh... Oh, enya. Kahijina mah
hampura bae, bisi jawaban ieu telat. Alesanana mah 'klasik', sibuk ku
pigaweeun, teu kaburu 'puar-pair' tulisan anu daria. Ieu ge keur jangar
pisan sabenerna mah, tapi ngarasa wajib mairan, pedah bae kasebut salaku
kuncen, boh di milis atawa di lokana kusnet.

Nyambung hoghag anjeun jeung Kang Deni dina judul obrolan anu sejen,
kuring pribadi ngarasa kuciwa kana panyangka & tuduhan Kang Agus, komo deui
tetela yen panyangka kitu teh dasarna ukur kateunyaho kumaha jujutanana eta
loka pindah imah & ganti rupa nepi ka jadi bentukna anu kiwari. Ku kituna
mah Kang Deni wajar ambek. Manehna teh geus hese cape ngurus loka, padahal
pigaweeun di kantorna ge sakitu metungna, kalah dituduh nu lian2.

Ayeuna kuring rek ngajawab sababaraha patarosan anjeun di handap, mangga
regepkeun...

1. datasbase nu website urang-sunda.or.id baheula aya keneh?
> aya keneh, disimpen & diamankeun ku Kang Deni.

2. naha diversi anyar wargi-wargi urang teu tiasa daftar kitu? atawas tos
nutup panto pikeun wargi sunda nu hoyong ngeusi kana rohangan?
> tiasa pisan, ngan keur dipilihan keneh kumaha format anu panghadena
pikeun ngawadahan 'wargi kusnet' sakumaha anu kungsi aya di loka anu
heubeul.

3. cing naon wae syaratna hayang jadi wargi kusnet?
> euweuh sarat nanaon, asal puguh bae kahayangna

4. pernah ngadangu ti salah sahijikuncen ceunah ayeuna mah mun hayang bisa
asup kana situs bagian asup keun lalandihan jeung sandi kudu laporan heula
ka kuncen terus ku kunci di pilih cocok hanteuna jadi pengeusi eta situs?
> di mana2 ge surang-saring mah wajar bae, ngarah teu dimangpaatkeun ku nu
teu pararuguh. Lain cocog hanteuna, tapi motivasina hade atawa henteu.

5. naha engke lila milis oge bakal kitu? nu bisa ngirim e-mail ukur
jalmai2 anu kasohor anu pinter anu luhung anu balager?
> patarosan ieu mah kabina2, Juragan! TI baheula ge sarat posting di milis
mah teu kungsi robah. jeung deuih kuring mah asa teu wawuh jeung
kategorisasi anggota kasohor/luhung vs cacah kuricakan, anggota pinter vs
bodo, anggota bageur vs bangor. kabehanana ge sarua.

6. mun ciga web aya kaayan kusnet kiwari lila kusnet teh exlusif euy..
lain keur urang sunda tapi keur sababara urang sunda nu pinter, nu bageur nu
boga duit jeung sajabana
> nyambung nu nomer lima di luhur, patarosan/tuduhan ieu mah teu aya
dasarna.

ah seueur keneh pertarosan2 sanesna mung da' hoream lain suujon teu
mentang jawaban, da' bogana tos disuujonan sieun web dieusian kunu teu bener
> peta kitu teh lain suudon, Juragan. Eta mah ajas kawaspadaan, ngarah teu
dimangpaatkeun ku nu lain2. Nu kieu mah geus galib di mamana ge... ulah sok
ge'eran asa dituduh kitu atuh...

atukna mah... teuing kumaha keur kuring sorangan ngara kuciwa euy..
kuayana kitu.. bujeung hayang ninggal database dulur2 urang di web kusnet
ciga baheula ayeuna mah hayang nempo atawa menerkeun data sorangan oge teu
bisa
teuing dumeh peraturan tinu gaduh hosting kitu? atawa kumaha
lieur atukna mah...
> hampura, Juragan... ngaropea loka anyar teh teu acan rengse, kuncenna
nuju saribuk. Kudu ngarti atuh, ulah kalah nuduh nu aneh2...

lain belik lain hoream gan jadi kumaha nya' hese nomongna...
moal maju jeng moal sauyunan we urang sunda ari kieu mah...
> lah aing mah... los2 kana urang sunda moal sauyunan... ngadegna loka
kusnet teh justru hasil tina lampah sauyunan, rereongan, rempug jukung,
atawa naon bae basana. Aya anu sumbang tanaga & waktu, aya nu sumbang
usulan, aya nu ukur lalajo, teu aya masalah. da dasarna ge sukarela,
saridona, moal dibere duit atawa kalpataru... Mun boga usul, pek usul.
salila usulanana hade mah tangtu moal ditolak. ngan, lain harti usulan nu
ditampa teh terus prak dipigawe, da kudu ngarti oge yen kuncen teh
salingkuh, ngandelkeun waktu kosong dina sela2 kasibukan sewang2an... jeung
kuncen ge can tangtu bisa migawena, matak salawasna butuh dibantuan ku nu
sejen ge... atawa rek sakalian jadi kuncen sakalian, mangga teh teuing...
dibageakeun pisan...

sikandar





--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
[email protected]
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com

Kirim email ke