Kukituna, teu aneh oge mun GK siga kiwari dipercanten ku nagara jadi Atase
Kebudayaan di...Perancis! Hiji nagara nu cenah kaitung chauvinistik dina
perkara budaya. Ongkoh ieu nagara lain bae kungsi boga lembur Ghalia, nu teu
daek taluk ka Romawi siga nu dilalakonkeun dina komik Asterix. Tapi reuteum ku
sawatara hal nu kiwari jadi faktor-faktor nu nangtukeun supremasi dina tamadun
kahirupan ras manusa. Demokrasi, nu ayeuna jadi trade mark Amerika, dina
wangun nu modern siga kiwari, apan lahirna di Perancis?
Malah, ceuk sawatara inohong mah, demokrasi ala Perancis leuwih elegance
manan gaya muridna Amrik kiwari, nu diluluguan ku fundamentalisme kanan ala
Partai Republik, nu barangasan. Bubuhan, ceuk kuring, nu hiji turunan menak,
bari leukeun macaan buku meunang maling tina pabukon-pabukon Islam mangsa
Perang Salib, nu hiji deui turunan tukang ngangon sapi nu diaping ku
ajaran-ajaran reformasi Calvin. Kituna teh, dina ngawarah Jeferson ngeunaan
bagbagan demokrasi tea, Perancis meh bebeakan: Lain bae mere patung Liberty,
jeung ngirim legiun asingna, tapi nandonkeun kalungguhan Luis Auguste jeung
isterina, Maria Antoinette.
Unggulna Perancis oge pakait jeung sawawana agama Nasrani, nu oge jadi
salah sahiji tihang tamadun modern. Cenah, agama Nasrani nepi ka liberal siga
kiwari teh alatan dikeleketek ku Voltaire, sanggeus dimimitian ku Descartes.
Karuhan dina kasenian atawa mode mah. Ti mimiti modernisme nepi ka post
modernisme, rada hese rek nampik pangaruh Perancis teh. Dalah dulur-dulur urang
nu di lembur ge, nu teu wawuh atawa teu nyaho-nyaho acan yen di dunya ieu aya
kecap eksistensialisme, houte couture, post strukturalis, escargot,
attache, teu bisa ingkah tina kadigdayaan ieu nagara. Da, gemuk jeung bibit
nu diawurkeun di kebon atawa di sawahna, seuhseuhannana buatan Dupont atawa
Monsanto (mun lain Bayer), nu puseurna di Perancis!
Tah, tina jihad kaunggulan Perancis eta, teu aneh oge mun pos-pos diplomasi
RI di dinya remen dipercayakeun ka urang Sunda, nu memang leuwih ngaperancis
manan ngamerika (dina harti ngoboy tadi): nyakola jeung nyantika. Dodi
Tisna Amidjaya, . Illen Suryanagara, Banna Kartasasmita, Ganjar Kurnia...
(Kahareup: Jamaludin Widiadikarta, Jais D.Hadinata, Ika Mardiah, Oman
Abdurachman, Tantan Hermansyah, Jaelani Sutalaksana, Kunrat Wiramiharja,
jste.... Amin).
Ningali kitu, lain pamohalan mun GK pantes jadi Gubernur Jabar. Soal
kasundaan, ka-Islaman, oge kapercekaan jeung kaelmuan, GK leuwih ti cukup. Visi
atawa sarupaning misi pangwangunan? Mun ekspose salila ieu atawa bekel
normatif nu tadi disebut dianggap kurang -- oge posting-postingna di milis
salila ieu -- tingali bae seratan-seratan anjeunna dina web pribadina.
Pondokna, mun urang nyekel rumus Paguyuban Pasundan (PP) ngeunaan kriteria
Gubernur Jabar kamari (nyantri, nyakola, nyantika, nyunda), GK nyekrup jeung
eta rumus.
Hahalangna: Lian ti karep jinisna, oge konstelasi nu aya di PP, Golkar, jeung
elit Jabar sorangan. Ceuk harewos, GK diproyeksikeun jadi rektor UNPAD -- nebus
hutang sawatara taun ka tukang. Malah, aya deui harewos lian: Anjeunna rek
dialungkeun ka Jakarta. Diperenahkeun di kabinet atawa lembaga tinggi nagara
lianna. Mun teu Mendiknas, nya Mentri Pertanian, ceuk eta harewos.
Wallohualam. Da, can kajadian. Presidenna saha ge can katoong. Ngan, mun jadi
Menteri Pertanian, GK kudu bersaing jeung Fadel Muhammad, gubernur jagong ti
Gorontalo nu teges-teges rek maju kana jabatan eta.
Tapi, rek kumaha-kumaha ge, rek jadi Gubernur rek jadi Menteri, GK keukeuh
koleksi SDM Sunda kiwari bari mahiwal. Hartina, leuwih ti pantes jadi
eusi media siga salila ieu. Kukituna, urang tungguan Kang Agus Her, Kang Iwa,
Kang Aa, Kang Ali, Kang Dadan, Kang Hawe, atawa insan pers lianna, ngiring
ngamumule potensi Sunda ieu dina mediana. Boh ku nulis (deui) profil ngeunaan
anjeunna, boh siga nu dilakukeun ku Kang Cecep ti Tribun Jabar -- ku
nyuhunkeun seratan-seratan ieu profesor nu oge doktor sosiologi pertanian eta.
Ngulas atawa nganalisis kalayan kritis kagiatan-kagiatan anjeunna salaku
inohong nagara ge teu pamohalan. Bahan profil jeung seratan-seratan anjeunna,
asana, pabalatak nu teu acan diekspos di media massa (konvensional). Karep
daek.
Kaasup karep GK kuanjeun sangkan langkung agresif dina ngembrakkeun
pamendak atanapi visina -- dina wanda nu populer bari jembar amabahannana. Tong
isinan siga nu katingal salila ieu. Merancisna tong ka palih kaler bae, tapi
turutan urang kidulna. Hehehe...
Nyanyahoanan, siah!, ceuk si Jay, bari keukeuh ngorong.
Kuma aing, we..., ceuk MJ, bari ngecretkeun cet kana tembok.
Ciomas, 15 Februari 2007
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Now that's room service! Choose from over 150,000 hotels
in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.