ah si akang mah sok tawis raos (ge er kitu?), haha..
kang ulah loba lalajo, kudu bari gelutna. meh karasa kumaha ngeunahna nejek,
najong, nonjok, ngoet, nyakar jste sakalian nyaho kumaha nyeurina
ditejek,ditajong,ditonjok,dikoet, dicakar jste!

dh
tukang nyingsatkeun anderok!


On 2/20/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  "Maneh disebut Dorna, Dul"
"kusaha ?"
"ku si Eta !"
"si Eta nu mana ?"
"si Eta nu Itu tea ning !"
"Owh enya, bae lah"
"Bae kumaha ?"
"Apan manehna nunjuk ka uing teh ku curukna lin?"
"Enya.."
"Ari opat ramo nu sejen-na nunjuk ka saha ?"
"Eu....nunjuk ka si Eta atuh, ka manehna sorangan"
"Heueuh, matakna.."
"Jadi ?"
"Ah, antep we..."
"Antep kumaha ?"
"Heueuh antepkeun, tuluy sia-na ngajedog..tong gandeng,
teu nyaho aing keur nyeri huntu?"
"....."

Leres Kang, nu nyarita bari teu puguh eunteup seureuhna
komo bari jeung nyayahoanan (ceuk urang Kuningan mah,
nyanyahoning) teh matak batur anu teu puguh-puguh oge
jadi hayang ngalodetan ku korong.

Matakna kudu mindeng lalajo nu gelut teh, meh apal kasalahan
batur, bari diajar apal kana kasalahan diri urang sorangan.

Ari soal hubungan Tukang Gelut jeung tukang nyeupah mah duka,
da maranehna teu bebeja ka abdi.
heu heu

Salam Gelut oge..

-dul-
tukangteuing

._,___




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

Kirim email ke