Aeh geuningan Teh Ipeut ni lawas tilawas Teh nuhun ari damang mah (iraha narosna nya? heheh) tos tiasa riung mungpulung deui sareng wargi Kusnet mah
Kutan? guru-guru ayeunamah "piduit", masina jaman Omar Bakri sae ketang hartosna mah normal keneh, masih resep/butuh artos heheh Maenya kawon atuh ku guru SDN Jatimakmur Pondok Gede (aya na Kompas kamari) nu alimeun gaduh muridna "Gaptek" mangkaningan komputer2na sanes disayogikeun kusakola etanamah, asli swadaya ti guru-guruna alias potong gaji. Ciganamah kedah "digebrigkeun" ku Kepala Sakolana, kedah masihan tugas-tugas ka murid tina internet. Nyaan, manglebarkeun abdi mah kana usaha Teteh nu kenging hese beleke tea ro2 > indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan kang Mj, damang...? > > Kataji pisan eta aya acara nginternetkeun guru b sunda SMA.. Kumaha kang MJ, eta guru-guru teh antusias..? sabaraha jalmi anu lalatihan teh....? mayar teu..? > Teteh mah didieu puguh keur lieur, jeung pusing neangan jurus supaya guru2 daek kursus komputer. Boro-boro nginternetkeun bisa wae heula kana komputer, mani sesah euweuh kahayang guru-guru teh, padahal diruang guru teh tos disayogikeun sababaraha hiji komputer lengkap fasilitas internet 24 jam, naha anggeur wae tara aya anu nyabak.....batur mah, hayang internetan teh kudu ka warnet mayar deui, ieu mah kursus jeng internetan teh haratis......tapi suwung, guru komputer kalah manyun teu aya murid. > > Kitu kang MJ........lain agul si teteh, eta sakola aya internet teh menang hese beleke, tapi program si teteh can jalan.....kudu kumahanya...? sugan kitu bere wae hadiah bermalam di hotel berbintang, syaratna kudu daek kursus...! > > Matakna, pendidikan di Indonesia teu maju2 da guru-gurunna embung maju.........punten kang..! si teteh curhat.....he he > > ipeut > (nuju ngahuleng jentul)

