kang Jamal, babakuna mah sono maca bahasa sunda, sareng di milis
kusnet aya sagala rupa, mulai ti analisa, bobodoran, "berita di balik
berita"(gosip atawa lain gosip), dongeng fiksi non fiksi,lalamunan,jrrd.
Ka emutan novel Epigram, kaleresan parantos kagungan 3 sasih
kapengker, nitip hiji ka urang Depok anu bade sakola ka dieu.
Sapeuting tamat, nampi buku jam 3 sore, di selangan nundutan antara
jam 8-11, isukna jam 6 an tamat, kaleresan harita nuju free, isina
rame jeung gampang dicerna.
Ayeuna nuju usum winter, sabulan deui, kostum kamana2 dijajaket bari
sirah di kukupluk,..heheh.
Mugia kang Jamal sakulawargi, sareng saderek sadayana aya dina
kawilujeungan. amin.


> kang Joko, sinarieun ngulampreng. usum naon di bremen? hutang novel
> Epigram hiji euy. tapi mun dikirim ke bremen mah sabaraha nya ongkosna.
> heuheu.
> 
> nuhun nya, tos masihan bahan carita. ka baraya nu tos maca Epigram,
carita
> di Bremen teh bahana ti kang Kang Joko Teguh nu nuju sakola di teknik
> elektro uni bremen. malah alamat dina epigram eta teh tempat kos kang
> Teguh. hehe.
> 
> nuhun, sing cageur bageur pinter di pangumbaraan.
> 
> mj


Kirim email ke