Wah, nuhun atuh ari swasembada mah. Hehe. Alhamudillah, dua balita pujaan hate calageur bageur. Keur nyoba nyuratan profesor di univ. leiden, sugan bisa s3. aya profesor nu malesan e-mail, tapi cenah geus pangsiun. Haha. Naha atuh ngarana napel keneh dina daftar dewa leiden. Heuheu.
Biasana mun di eropa nuju usum tiris, di urang, endonesya, nuju usum hujan. Hujan nu di kota mah sok diembohan ku banjir. Maklum, nagara dijieun asal2an tea. Tiap bencana -siga banjir- ngan ukur dibahas harita keur kajadian. Komo noong aburizal bakri dina tv mah, nu ngambek pedah tv cek manehna siga nu ngagede-gedekeun banjir cenah. Tuh tingali, cenah, korban banjir masih bisa tertawa. Haha. Kapaksa kuring kudu nyebut belegug deui-geus lila teu nyebut. Menteri teu apal budaya bangsa urang kelas akar jukut-susah senang, seuri we da geus biasa ngan jadi korban jeung korban. -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of joko_teguh Sent: Wednesday, February 21, 2007 4:12 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Kawin/joko teguh kang Jamal, babakuna mah sono maca bahasa sunda, sareng di milis kusnet aya sagala rupa, mulai ti analisa, bobodoran, "berita di balik berita"(gosip atawa lain gosip), dongeng fiksi non fiksi,lalamunan,jrrd. Ka emutan novel Epigram, kaleresan parantos kagungan 3 sasih kapengker, nitip hiji ka urang Depok anu bade sakola ka dieu. Sapeuting tamat, nampi buku jam 3 sore, di selangan nundutan antara jam 8-11, isukna jam 6 an tamat, kaleresan harita nuju free, isina rame jeung gampang dicerna. Ayeuna nuju usum winter, sabulan deui, kostum kamana2 dijajaket bari sirah di kukupluk,..heheh. Mugia kang Jamal sakulawargi, sareng saderek sadayana aya dina kawilujeungan. amin.

