Nuhun tambahan informasina Kang WAG. Memang leres di Poso teh aya
kaceuceub nu teu kaubaran. Tapi masalahna lamun kaceuceub ieu terus
dipiara, moal nganggeuskeun masalah. Lamun carana kieu, kaceuceub bisa
bitu deui dihiji waktu. Contona karusuhan antara etnik Madura jeung etnik
Dayak/Melayu di Kalbar jeung Kalteng.  Di Kalbar karusuhan etnik nu
mumusuhan ieu, geus kajadian sababraha kali, nu kuring nyaho di taun 1979
oge kungsi kajadian Etnik Madura dibuburak ti daerah Snggauledo Kalbar.
Ngan beda jeung Poso, karusuhan SARA di Kalbar, teu mamawa jelema ti luar
daerah eta. Kuring muji ka Urang Madura nu aya di Jawa Timur, nu teu
pipilueun, teu hayang ngirim "pasukan" ka Kalbar jeung Kalteng. Jadi
masalahna bisa dilokalisir ...teu ngarambah kamana-mana.

Beda jeung Poso, karusuhan lokal di Kota leutik ieu (nu ceuk cenah mah
dimimitian akibat Politik lokal dina Pilkada) bisa jadi issue Nasional
jeung internasional. Loba urang luar Poso nu pipilueun jeung mapanas.
Akibatna masalah Poso teu anggeus2. Ditambah deuih ku sikep patugas
kaamanan (pulisi) nu siga ragu-ragu, henteu tegas.

Tapi Alhamdulillah, Pulisi ayeuna bisa tegas, sabab rek make alesan naon
wae, urang sipil nyimpen pakarang komo bari ditumpuk mah, teu meunang di
nagara urang mah, ngalanggar hukum. Komo basa kajadian kamari mah, pan
pulisina ge dilawan, tepi ka aya pulisi perlaya sagala (Salah saurangna nu
perlaya, pulisi urang Garut!).

Pulisi diurang, kawentar kualitasna goreng, tapi leuwih goreng deui lamun
euweuh pulisi!

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke