Anu jelas mah tong dikacowkeun antawis konsepsi " an
eye for an eye' jeung UU anu ngalarang Sipil nyimpen
pakarang...jeung kinerja Pulisi anu dianggap teu adil
terus dijadikeun alesan ..rek perang terus lantaran
parisip "an eye for an eye".. Tos ingali poto 3 siswi
remaja anu pararegat mastakana ? Nya sami wae...biadab
dibales biadab....moal aya tungtungna....perang salib
teh mun lepat sampe ratusan taun..perang naon wae
upami agama mah bakal ratusan taun...saha nu untung
saha nu rugi.....


--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Nuhun tambahan informasina Kang WAG. Memang leres di
> Poso teh aya
> kaceuceub nu teu kaubaran. Tapi masalahna lamun
> kaceuceub ieu terus
> dipiara, moal nganggeuskeun masalah. Lamun carana
> kieu, kaceuceub bisa
> bitu deui dihiji waktu. Contona karusuhan antara
> etnik Madura jeung etnik
> Dayak/Melayu di Kalbar jeung Kalteng.  Di Kalbar
> karusuhan etnik nu
> mumusuhan ieu, geus kajadian sababraha kali, nu
> kuring nyaho di taun 1979
> oge kungsi kajadian Etnik Madura dibuburak ti daerah
> Snggauledo Kalbar.
> Ngan beda jeung Poso, karusuhan SARA di Kalbar, teu
> mamawa jelema ti luar
> daerah eta. Kuring muji ka Urang Madura nu aya di
> Jawa Timur, nu teu
> pipilueun, teu hayang ngirim "pasukan" ka Kalbar
> jeung Kalteng. Jadi
> masalahna bisa dilokalisir ...teu ngarambah
> kamana-mana.
> 
> Beda jeung Poso, karusuhan lokal di Kota leutik ieu
> (nu ceuk cenah mah
> dimimitian akibat Politik lokal dina Pilkada) bisa
> jadi issue Nasional
> jeung internasional. Loba urang luar Poso nu
> pipilueun jeung mapanas.
> Akibatna masalah Poso teu anggeus2. Ditambah deuih
> ku sikep patugas
> kaamanan (pulisi) nu siga ragu-ragu, henteu tegas.
> 
> Tapi Alhamdulillah, Pulisi ayeuna bisa tegas, sabab
> rek make alesan naon
> wae, urang sipil nyimpen pakarang komo bari ditumpuk
> mah, teu meunang di
> nagara urang mah, ngalanggar hukum. Komo basa
> kajadian kamari mah, pan
> pulisina ge dilawan, tepi ka aya pulisi perlaya
> sagala (Salah saurangna nu
> perlaya, pulisi urang Garut!).
> 
> Pulisi diurang, kawentar kualitasna goreng, tapi
> leuwih goreng deui lamun
> euweuh pulisi!
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 



 
____________________________________________________________________________________
No need to miss a message. Get email on-the-go 
with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.
http://mobile.yahoo.com/mail 

Kirim email ke