Mang... ieu panyakit anu keuna di "ampir" sakabeh anggota dewan. jadi
maranehna teh nganggap anggota dewan teh salaku "pagawean" lain
"pengabdian". anu sakuduna mah "pengabdian". pengabdian ka Institusi,
pengabdian ka nagara, pengabdian ka rahayat, pengabdian ka Gusti Alloh SWT.
sakudunya mah ulah ribut urusan duit amun enya pengabdian mah, da soalna
duit anu turun eta mangrupakeun rezeki anu turun ngaliwatan pengabdian
manehna.

alaaahh... naha jadi ngacapruk kieu mang?
cag ah... bisi kamalinaan... hehehhe...

-Bohay-

On 2/21/07, denysuwarja2k <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Wa, di jaman ayeuna... di nagari urang mah jelema anu bener dianggap
salah, jelema cageur dianggap gering, jelema anu eling dianggap gelo.
Contona nya eta menteri anu profesor tea!
Conto lainna, rahayat keur ngajerit ku harga beas, jeung banjir,
bencana mah puguh deui.... na atuh burudul sarebu urang anggota dewan
yang terhormat demo... nyuhunkeun gajina tetep naek! nolak revisi PP
37 kamari!
Jalmi daramang ari nu kitu sanes wa? Eta ku sedihna teh, aya anggota
dewan make pakean Kiai hihihihi!!!!!


Kirim email ke