Tadi jam 10an ngulampreng ka aula Sanusi Hardjadinata. Aya si Ua Sas nuju mamerkeun koleksina, buku2 basa Sunda ti baheula mula. Di lebet aya biantara acara seminar dina raraga MIELING BASA INDUNG INTERNASIONAL. 21 Februari.
Pendak jeung kang Soni bolotot.com, oge panglima negeri surili (singket PNS manehna) kang Godi Suwarna, nu pastina baris dipeto kapayun maca sajak Sunda. Soni Farid Maulana, kang Cecep Burdansyah, jeung inohong2 budaya Sunda, utamana basa Sunda. Rame jeung resep. Hanjakal di pangulinan aya garapeun. Jam 11an kurang balik. Ari basa indung nu kumaha? Eta, basa nu munggaran dikecapkeun hiji indung ka budakna.

