unak-anik bahasa (basa) di dunya: ceuk www.ethnologue.com, di dunya aya 6912 siki basa... nu boga panyatur leuwih ti 100.000 ukur 1.239. kurang leuwih 18%. ceuk para ahli jumlah sakitu teh cukup keur mertahankeun sangkan eta basa henteu musnah. sesana 80% kaancam musnah! malah 50% tina total basa nu aya ukur boga panyatur teu leuwih ti 10.000. 28% ukur boga panyatur teu leuwih ti sarewu. jadi teu kaleuleuwihi lamun diprediksi dina ahir abad ka 21, basa di dunya nu bakal nyesa kurang ti satengahna ti nu ayeuna aya.
wajar memang, lamun hiji basa musnah. ngan saeutik basa di dunya nu boga umur panjang, rebuan taun. diantara nu umurna panjang nyaeta basa basque, mesir, sansekerta, cina, yunani, ibrani, latin, persia, jeung tamil. nu cenah mampuh hirup nepi ka 2000 taun. ngan masalahna ayeuna musnahna hiji bangsa cepet pisan. cek unesco dina sataun basa musnah nepi ka 10 siki. di indonesia hirup teu kurang ti 731 basa. 32 diantarana ngan ukur boga panyatur kurang ti 50 urang. malahan dua basa nyaeta basa hukumina di maluku jeung basa mapia di papua ukur boga panyatur saurang! naon cenah pentingna urang ngamumule basa? cek cenah basa teh alak komunikasi, nepikeun gagasan, ngabudalkeun karya cipta oge jeung paragi nyimpen kabeungharan intelektual. basa nunjukeun cara pandang jeung pola pikir nu makena. dina waktuna musnah, nya pola pikir eta bangsa oge musnah. pangaweruh nu unik ti eta bangsa bakal ngilu musnah. sakitu sugan aya mang paatna dh -- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

